Aksara Sunda Huripna Aya Nu Hurup

Welas jeung asihna Gusti ku ayana manusa, sato, tutuwuhan, kutu walang taga jeung sajabana, anu kabeh oge ngajadi sarta hirup jeung bisa ditingali sacara nyata (aya wujudna). 

Dina Jatisunda kieu eusina : "utek tongo walang taga, manusa buta detia, lukut jukut rungkun kayu, keusik karihkil cadas batu, cinyusu talaga sagara, bumi langit jagat mahpar, angin leutik angin puih, bentang rapang bulan ngempray, Sang herang ngenge nongtoreng, eta kabeh ciptaan Sang Hyang Tunggal, keur Inyana mah sarua kabeg oge taya bedana" 

Nu pihartieunana : "Sasatoan ti mimiti anu leutik pisan dugi nu ka makluk nu paling gede,  manusa raksasa (jin) dan siluman, lumut, jukut, tatangkalan, pasir-karikil-cadas nepi ka babatuan, cai nyusu dugi ka lautan, bumi-langit nepi alam semesta, angin leutik nepi ka angin topan, bintang loba dilangit bulan nu caang, matahari nu panas. eta sakabeh ciptaaan Sanghyang Nu Maha Tunggal nu bogana. Jang NU BOGA-NA eta sakabeh taya bedana"

Dina agama Sunda Wiwitan, aya anu unina kieu: "Nya inyana anu muhung di ayana; aya tanpa rupa; aya tanpa waruga; hanteu ka ambeu-ambeu acan; tapi wasa maha kawasa di sagala karep inyana". (nya mantenna anu Maha Agung di ayana; aya tanpa rupa; aya tanpa wujud; henteu ka ambeu-ambeu acan; tapi kawasa maha kakawasaanana di sagala karep-Na).

"Hyang tunggal tatwa panganjali; ngawandawa di jagat kabéh alam sakabéh; halanggiya di saniskara; hung tatiya ahung".  (Hyang tunggal anu Maha Luhung; satemenna tujuan utama manusa sembah Hyang; henteu boga anak henteu boga dulur; boga baraya jeung batur ogé henteu di jagat jeung ieu alam; anu pang-unggulna dina sagala rupa hal; hung, tah éta téh nu ngagem bebeneran sajati, ahung).

Ku welas asihna Gusti oge anu ngajadikeun manusa mibanda kaluhuran, kayakinan, welas asih, kaadilan, katulusan, eling lan waspada. Kabeh anu ngajadikeun manusa mulya jeung sejahtera (karahayuan). Rasa eta oge anu ngahubungkeun kahirupan manusa jeung anu Maha Suci.

Upama ditengetan, apan éta harti kalimah téh sarua jeung surat Al Ikhlas – anu béda, ukur basana.

Tja~Ra~Ka ngabogaan arti ngamulyakeun Gusti. Sabab tanpa aya bwana jeung saeusina, komo euweuh manusa, pasti moal aya sebutan GUSTI. Tanpa aya “caraka”, geus pasti Ha~Na~Na oge moal disebut Hana.

Kitu oge Da-Ta-Sa-Wa-La bisa dijelaskeun maknana kusabab ayana anu aya, sumber asalna nyatana hiji, nyaeta Gusti. Tinu kasar nepi kanu lemes, wingit, jeung gaib, pasti napel/nerap ka-diri-na kusabab kakawasaan Gusti.  Artina sorotna jadi jeung ngajadi teu ngan saukur ngagelarkeun/nyiptakeun bwana katut eusina hungkul, tapi terus-terusan mancarkeun kanyaah, ngagulung dina kabeh kahirupan.

Gusti anu Maha Suci nyiptakeun sakabeh alam, bwana katut eusina, hususna manusa, lain tanpa rencana. Katangtuan anu geus ditetepkeun jadi kudrat pasti (papasten). Kitu oge sakabeh mahluk anu aya didunya pasti kakeunaan ku  wates lan winates (batasan dan pembatasan), saperti anu tumiba kadirina conto gering jeung paeh. Tapi salain ti eta  geus napel dina dirina kalewihan/kamampuan tinu liana, saling merlukeun, merlukeun batur  (ketergantungan), punjul pinunjulan.. jsb

Rek tinu rupa, wujud, warna jeung dedegan,  manusa bisa disebutkeun mahluk anu sampurna. Bisa disebut euweuh anu bisa ngaleuwihan  manusa (kasampurnaan manusa). Gumelarna manusa anu ditakdirkeun jadi wawakil  Gusti, nandakeun ngan manusa hungkul anu mampu jadi warangka eusi “Gusti” (wakil didunya). Kalahiran manusa tina wujud raga-fisik jeung bentuk awak eta mangrupa sari-pati bawana. Matak jadi kaniscayaan lamun manusa mampu ngagunakeun daya-na pikeun ngungkapkeun rahasiah ieu Alam.

Hirup manusa ngarupakeun wujud tina sukma, tina proses aya jeung ngajadi (being and becoming) kabentuk tina sari-pati pancaran anu Maha Suci. Kusabab kitu manusa mampu nalaah, miluruh, ngagali, neangan sarta ngayakinkeun jeung yakin ku “ayana” Gusti anu Maha Suci. Sabab sukma sajati asalna tidinya.

saterusna Pa-Dha-Dja-ja-Nya,  makna na, naon bae atawa saha bae moal bisa hirup nyorangan, sabab bakal ngarandapan hirup jeung kahirupan babarengan, sakumaha kaniscayaan kudratna, lamun dina kahirupan manusa osok pangaruh mangaruhan, salain ti boga sifat ngandelkeun kanu lian.

Kitu oge hirup manusa,  awak manusa teu mungkin hirup sewang-sewangan, artina nyawa teu mungkin bisa hirup lamun euweuh raga pon deui raga moal bisa hirup sabab teu bisa napas.

lamun anggota badan lengkep kabeh, karek disebut sampurna. Daya hirup bakal napel dina pribadina, nyaeta rupa, wujud, kaasup sakabeh tingkah-lakuna. Kabeh anu hirup jeung ngawujud pasti bakal saling tarik (tarik-menarik) daya-dinayan (saling bersinergi), sahingga ngamunculkeun daya-daya/kakuatan saperti : adem-panas, positip-nehatip, luhur-handap, caang-poek, kabehna muter silih ganti (cakra manggilingan).

Inti tina kaayaan eta, kabeh oge aya di diri manusa, dimana inti tadi sabenerna geus nyerep tina badan manusana sorangan,  bisa disimpulkeun, obahna jagat/alam,  oge bakal sarua jeung obahna diri. Lamun tingkah-laku manusa keur angkara murka , ngaruksak jeung sajabana, jagat/alam oge aya dina ancaman bahaya, misalna banjir, lahar, taneh longsor, loba cilaka jsb.

Numatak manusa kudu inget kana kawajiban utamana, nyaeta Hamemayu-Hayuning Bawana

Waktu manusa manembah leat sembah rasa, kudu jeung sakabeh sukma (roh,moral)na. Lain awak raga anu pinuh ku kokotor (nafsu dunya). Saenyana sembah raga eta ngan sareat lahir, supaya manusa taat jeung manembahan marang Gusti Kang Murbeng Dumadi.

Manusa kudu cicing dina ASMA kamanusaana, RASA kamanusaan, jadi manusa kudu bisa nempatkeun dina martabatna GUSTI.  Geus diciptakeun disadiakeun naon bae oge keur manusa, jagat jeung eusina. Tinggal kumaha manusa babakti marang Gusti. Gumantung manusana, sakumaha gede tanggung jawabna kanu Maha Kawasa, sabab ieu bawana katut eusina kabeh jadi tanggung jawab manusa.

Anu akhir, Ma-Ga-Ba-Tha-Nga bisa dimaknaan kurang lewih kieu, manusa teh anu kalungguhan amanat Gusti, manusa anu menekung ka Gusti jadi daya cahaya anu Maha Suci, yen rasana Gusti luluh kana sukma-na manusa. Jagat (alam) gumantung kana sajarah umat manusa anu disebut awal jeung akhir, oge ngajadikeun jantraning manungsa. Hakekatna ngampar ieu alam, oge ngagelarna manusa. Jadi di dunya ieu moal aya lalakon lamun euweuh wujud jeung gerakna manusa.

kabeh jelas jeung nyata. Artina lamun kabeh manusa geus aya dina kamanusaanna – lamun kabeh geus jadi kanyataan – berarti kawajiban manusa didunya geus beres. Geus tepi kana perjanjian pribadining manungsa jeung geus titimangsa kudu mulang marang pangayuning Pangeran. Tina aya jadi euweuh, jadi euweuh deui. Artina sakabeh abu jadi yen geus tinekanan kana wates kodratna, pasti bakal mulih marang mula-mulanira lan sirna. Awal jeung akhir, geus hatam/tamat.

Lamun manusa geus euweuh, ngarana Gusti oge moal disebut deui(kaucap), aya...

Cag.

Mung sakieu anu kapihatur kirang langkungna ieu hasil ngaraga meneng, tina hasil ngagali makna filosofis anu aya dina kandungan huruf/aksara Ha~Na~Tja~Ra~Ka.

Sakumaha luhungna, ka-adiluhung-an ieu huruf/aksara Ha~Na~Tja~Ra~Ka, lamun teu dihayati jeung nyulusup kanu ati, nilai-nilai substansial anu aya dijerona sarta usaha ngembangkeuna, pasti moal aya makna jeung manfaat keur kahirupan urang oge mahluk sejena dina nyinghareupan ieu alam/jaman, oge  waktu anu baris kasorang/disorang ku anak incu. ngabebenah budaya Nusantara anu kudu diwangun keur kamaslahatan anak incu turunan urang.

huruf/aksara Ha~Na~Tja~Ra~Ka lamun digali lewih jero tina huruf per hurufna bakal ngahasilkeun hiji ajaran kahirupan anu mampu mere pencerahan pikir katut rasa. Tegesna yen eta hurup kabeh anu ngarucat dina awak/diri manusa anu Sa-Djati jeung bakal mulang deui Ka-Djatina.

0 komentar:

Posting Komentar