WARUGA JAGAT = SAJARATUL KAUN = POHON HAYATI = KA’HAYU JATI (KAI JATI)

Dina adat budaya Bali urang manggihan hiji upacara anu disebut TUMPEK WARIGA, nu inti filosofina nyaeta pieun ngahurmat ka tatangkalan/kakayon, utamana pangabakti ka Dewata nu murbha di Pakayonan. Di dieu tetela kecap "WARIGA" teh raket kaitannana jeung kayu/tangkal.

Dina basa Sunda, urang oge tangtu manggihan kecap WARU, eta kecap teh mangrupa ngaran salah sahiji kakayon (tangkal/pohon), nyaeta tangkal WARU, malah cenah tangkal WARU teh pieun masyarakat padalaman Sunda dianggap tangkal anu kawilang karamat da kacaritakeun sok arang langka kapanggih petetannana, jadi ana sakali aya nu manggihan petetan WARU teh cenah kanjat sok aya kolot nu nyebutkeun pajar eta teh jimat, ku pedah jarang tea meureun. (peun).

Ku kituna kecap "WARUGA" teh upama dirucat bisa jadi ngasalkeun tina kecap "WARU-UGA-HA" : WARU = TANGKAL/TANGTUNG, UGA = DAWUH/KALA MANGSA/PASA’ATAN/RUANG WAKTU, HA = HIRUP (USIK-MALIKNA). Jadi WARUGHA (kiwari: Waruga/raga/jasad/badan) teh = tangkal/tangtung hirup anu kauger ku waktu (umur).

Tiheula geus kungsi dibahas ngeunaan kecap ‘BHA/BA’ dina logat Surya Kuna anu robah jadi "WA" dina logat Kawi (Jawa kuna) jeung Sunda Kuna, saperti : "PURBHA/PURBA" jadi "PURWA", "BIHARA" jadi "WIHARA", "BARUNA" jadi "WARUNA"…jsb, ku kituna bisa jadi upama kecap "WARU" oge asalna tina kecap ‘BA-HARU/BHARU’ (Kiwari : BARU = anyar).

Dina Bahasa ‘Arab, sakur jajadian cipta (kauniyyah), paribasa Piteuk Tongo Walang taga, Orong-orong Gogondongan, kabeh saakur anu kasebut makhluk sok disebut bangsa "HAWADITS" = Bangsa anyar, lalawanan tina "QIDAM" = Wiwitan/Mimiti/tiheula ayana, (HAWADITS teh bentuk jama’ tina kecap ‘HADITS = anyar).

Dina bahasa Malayu urang oge urang manggih salah sahiji aran kayu anu disebut "GAHARU", aya deui anu disebut tangkal "ARU".

Kecap "GAHARU" jeung "ARU" bisa jadi tina "BA-HARU'M/HARU'M (seungit) atawa 'BHARU' (anyar), dina ejahan baheula mah HA = A, saperti : HANA CARAKA = ANA CARAKA, HARUM = ARUM, KA-HADE = KADE, KA-HAYU = KAYU…jsb. 

Malah aya deui aran kakayon anu geus kacutat dina carita Tapal Adam jeung Babu Hawa, nyaeta tangkal "ARA", => ARA => HARA-UGA-HA => HARAGHA (harga diri = tangtung diri/ajen inajen diri), tina "HARAGHA" jadi "RAGA", robahna saperti : Hamangku/Hamengku/Amangku => Mangku (Hamengku Buwono, Amangkurat, Mangku bumi).

Sakumaha anu geus kungsi ditetelakeun tiheula yen parobahan parobahan litelatir kecap saperti kitu teh kacida ilaharna dina elmu Linguistik mah, anu barobahna kitu teh bisa ku alatan beda letah (dialek) atawa diakibatkeun kukamekaran basa ti mangsa ka mangsa saluyu jeung kamekaran peradaban hirup-huripna manusa nu ngabasakeunnana.

Terakhir : upama geus cunduk kana waktu datang kana mangsa, eta anu disebut Waruga atawa Raga teh geus teu nyawaan (paeh), upama diibaratkeun tangkal kayu mah geus pugur, geuning ngatik sok dicirian eta pendemannana teh ku "JAHUL" anu sok disebut "TUTUNGGUL", ari cirina mah bisa ku kayu, bisa ku awi atawaning ku batu, tapi nu jelas istilah "TUTUNGGUL" teh minangka tuduh/alamat ciciren tina pasesaan adegan tangkal hirup (sabab tunggul teh sesa tangkal kayu nu geus paeh). Walhasil "TUTUNGGUL" teh ciren tina pasesaan Tangkal/Pangadeg/Tangtung/Waruga/Raga anu hirup.