Mun dihartikeun ku Sang Kuring nu ngabogaan Sang Kurung. Sasakala Sangkuriang teh nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten "Dzatna nu Tunggal" ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa. Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan.

Jati Sunda ngajarkeun manusa pikeun nafakuran diri kamana pangbalikeun jaga mun dina istilah sunda karuhun "mulih jati, mulang ka Asal". Lain hartina miang tuluy aya dina tangkal jati sanggeus maot teh tapi mulang ka JATI (Dzat-Nya, kusabab apan nu nyieun na ge pan Dzat nu Maha ngersakeun). Naon atuh anu geus dibekel teh? da hirup di dunya ngan darma wawayangan.

Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa dirisangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asalna ti "Dzat Sunda Nu Tunggal' tea, nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung).

Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun (kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nungancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh), mun diharitikeun mah ieu teh mangrupa martabat 7.

Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu ka kuatan nu bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nakhoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu, pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup-huripna euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangan nalangsa saendengna.

Kulantaran kitu, mangkahade upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudagkurung sangkan bisa manunggal.

Kitu intisari harti nu ka sungsi tina legenda Sangkuriang, ku kituna mugia bae pedaran ieu tiasa nambah kareueus urang Sunda, yen bukti geuning kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwih penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsika diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang geus tepi kana can kan hartina silokana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi” teh?

Sumangga ki sunda....Hatur nuhun cag ah, rampes...