Ieu aya 17 (Tujuh Welas) Pupuh Sunda :

Sok sanaos tos seueur anu nyerat Pupuh Sunda, waleh bae rek tuturut munding.

1. PUPUH ASMARANDANA

Laras: Salendro
Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada := 7 padalisan.
Contona:
Eling eling mangka eling/ (8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam/ ( 8 – a )
darma wawayangan bae/ ( 8 – e )
raga taya pangawasa/ ( 8 – a )
lamun kasasar lampah/ ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung/ ( 8 – u )
badan anu katempuhan// ( 8 – a )
Eling-eling masing eling/
Di dunya urang ngumbara/
Laku lampah nu utama//
Asih ka papada jalma/
Ucap tekad reujeung lampah/
Tingkah polah sing merenah/
Runtut rukun sauyunan/
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan//
Lamun seug urang ningali/
Kaayaan padesaan/
Gunung rentul jejer beres/
Ti kulon nepi ka wetan/
Lir antay-antayan/
Rungkun-rungkun ting runggunuk/
Paselang jeung saliara//

Nyukcruk lembur tepis wiring/
Wewengkon jeung padumukan/
Pasawahan hejo ngemploh/
Estu matak waas/
Patani gumbira/
Pangharepan panen unggul/
Tinekan sapaneja.//

Ngariung di tengah bumi,/
pun biang sareng pun bapa,/
jisim abdi diuk mando,/
husu ngupingkeun pituah,/
piwejang ti anjeunna,/
pituduh laku rahayu,/
piwejang sangkan waluya//

2. PUPUH BALAKBAK

Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.
Contona:
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng/ (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng/ (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng/ (19-e).
Aya warung sisi jalan rame pisan – ku nu jajan/
Tihothat nu ngaladangan nu jarajan – sukan-sukan.//

Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,/
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,/
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.//

3. PUPUH DANGDANGGULA
Watekna: bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:
Mega beureum surupna geus burit/
Ngalanglayung panas pipikiran/
Cikur jangkung jahe koneng//
Naha teu palay tepung/
Sim abdi mah ngabeunying leutik/
Ari ras cimataan//
Gedong tengah laut/
Ulah kapalang nya bela/
Paripaos gunting pameulahan gambir//
Kacipta salamina/
Hiji basa, hiji bangsa/
Basa bangsa, Indonesia/
Hiji bangsa, hiji nusa/
Nusa tunggal, Nusantara//
Seler-seler, suku bangsa/
Di wewengkon, mana-mana/
Sakasuka, sakaduka/
Wujud bangsa, Indonesia//
He Barudak poma sing areling/
sing nyaah ka indung ka bapa/
Maraneh teh matak hese/
Komo nu jadi indung/
Kahesean kaliwat saking ti keur di kandungan/
Matak hese wungkul/
Mun dengdek kukulinciran/
Waktu maneh gubrag gumelar ka lahir/
Indung teh boa ajal.//

Sing aringet ulah salah harti/
Ngomongkeun batur téh penting pisan/
Ngomong-ngomong tong polontong/
Kabéh ngomongkeun batur/
Keur muru hirup nu walagri/
Diajar ngalalampah/
Napak hirup batur/
Maca kana pangalaman/
Léngkah nu hade keur picontoeun diri/
Nu goréng mah singkahan.//

Dinten ieu estu bingah ati,/
ku jalaran panceg milang kala,/
kenging kurnia ti Alloh,/
rehing nambahan taun,/
tepung taun umur sim abdi,/
henteu weleh neneda,/
ka Gusti Nu Agung,/
malar umur teh mangpaat,/
tebih bahla turta pinarinan rijki,/
sumujud ka Pangeran.//

4. PUPUH DURMA
Watekna: heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan
Contona:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit
Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah.

Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.

5. PUPUH GAMBUH
Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku.
1 Pada := 5 padalisan.
Contona:
Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )
panon poe geus rek surup ( 8 – u )
keueung sieun aya meong ( 8 – o )
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong
Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong
Kutan kitu ari maung
Simana kaliwat langkung
jalmi jalmi warni warni
Seueur anu ngoplok bujur
Bawaning sieun di kokos.

Tuh itu beurit lintuh
Mani rendey anakna sapuluh
Arilikan gambarna masing taliti
Anakna kabéh ngariung
Saregep hormat ka kolot.
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.

6. PUPUH GURISA
Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
1 Pada := 8 Padalisan.
Contona:
Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
nagih anu boga hutang (8 – a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
teu rek buru buru mulang ( 8 – a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Waktu barudak keur mijah
Arulin semu barungah
Ger hujan gede pohara
Barudak breng lalumpatan
Ngiuhan di bale desa
Ngadago raatna hujan.

Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.

7. PUPUH JURU DEMUNG
Watekna: kaduhung, atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan
Contona:
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang
Mun pinanggih jeung kasusah
Omat ulah rék nguluwut
Pasrahkeun ka Gusti
Ihtiar ulah tinggal
Neda kurnia Nu Agung.

Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.

8. PUPUH KINANTI
Laras: Pelog/Salendro
Watekna: miharep atawa prihatin.
1 Pada := 6 Padalisan
Contona:
Kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )
Nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )
Henteu aya papadana ( 8 – a )
Ratuning kembang sajati ( 8 – i )
Papaes di patamanan ( 8 – a )
Seungit manis ngadalingding ( 8 – i )
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna.

Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.

9. PUPUH LAMBANG
Watek: banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Contona:
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )
atuh teu payu dijual ( 8 – a )
rek didahar da teu halal ( 8 – a )
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal
Urang kudu inget pisan
Nya di ajar di sakola
Masing geura geura bisa
Sing inget ka indung bapa
Riab anu lalumpatan
Lumpat bari tatanggahan
Ting alasruk susurakan
Rék ngarucu langlayang.

Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.

10. PUPUH LADRANG
Watekna: pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku opat padalisan
Contona:
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.

11. PUPUH MAGATRU
Watekna: lulucon deukeut-deukeut kana prihatin.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan
Contona:
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung,
Kopo, Ronggo, Cisondari, Cicalengka, Ujungberung
Rajamandala, Cimahi,
Leles, Limbangan, Tarogong.

Coba teguh naon nu sukuna tilu
Panon opat henteu galib, leumpangna rumanggieung laun
Éstuning ku matak watir
Dongko bari oho-oho

Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.

12. PUPUH MASKUMAMBANG
Watekna: prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
Contona:
Duh manusa mana kaniaya teuing
Teu aya rasrasan
Abong ka mahluk nu laip
Nyiksa henteu jeung aturan
Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana
Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula
Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean
Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan
Hey barudak kudu mikir tileuleutik,
maneh kahutangan,
ka kolot ti barang lahir,
nepi ka ayeuna pisan.
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.

13. PUPUH MIJIL
Watekna: sedih, susah atawa cilaka.
Unggal pada diwangun ku genep padalisan
Contona:
Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung.

Najan cicing nya di tepiswiring,
Kade ulah bodo,
Kudu tetep nungtut elmu bae,
Sabab jalma nu loba pangarti,
Hirup tangtu hurip,
Mulus tur rahayu.

14. PUPUH PANGKUR
Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.
Contona:
Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
balik paman sadaya ( 7 – a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )
“Aing ngaran Jayapati” ( 8 – i )
Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan
Bapa Doblang pada terang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Pipi kemong, irung mancung
Panon buringas hérang
Goréng omong gawang-geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.

15. PUPUH PUCUNG
Watekna: piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Contona:
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )
tanda yen bagjana gede ( 8 – e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a )
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Utamana jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.

16. PUPUH WIRANGRONG

Watekna: era atawa wirang.
Unggal pada diwangun ku genep padalisan

Contona:
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela
Deudeuh teuing nu prihatin
Rukmantara keur ka bendon
Sedih manahna kalangkung
Henteu eureun eureun nangis
Angkat sakaparan-paran kawas anu eukeur gundam.
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.

17. PUPUH SINOM

Watekna: gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Contona :
Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti
Sinom nu jadi piwulang
Piwulang ka murang kalih
Anu eukeur sarakola
Mambrih salamet nya diri
Ingetkeun beurang peuting
Tungkus dina jero kalbu
Keur conto salalawasna
Kaitkeun di jero ati
Ulah pisan hirup tinggal tiwiwaha.
Tatar Sunda estu endah,
Lemah cai awit jadi,
Sarakan asal gumelar,
Amanat Ilahi Robbi,
Titipan nini aki,
Wajib dijaga dijungjung,
Basa katut budayana,
Padumukna luhung budi,
Insya-Allah tatar Sunda karta harja.