Alhamdulillahi robil’alamin wasolattu wassalamu’ala sayidina Muhammad wa’ala alihi wasohbihi ajmain

Mimitina jisim kuring nulis iue kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah Ta’ala nu Maha Murah di dunya ka umat-umatna sakabeh, jeung nu Maha Asih di Akherat ka umat-umatna anu Mu’min, arirochmat-na allah Ta’ala kasalametanana turunna panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad SAW,jeung kapa sahabatna ,rawuh kulawargina sakabeh.

WAJIB MA,RIPAT KA ALLAH TA’ALA

Ari ma’ripat ka Allah Ta’ala the wajib di sakabeh jalma Mukalap, tegesna di jalma nu geus akhir baleg, eta wajib teu meunang heunteu, karena aya dawuhna Kangjeng Nabi Muhammad SAW kieu

“AWALLUDINNI MA’RIPAT TULLAHI TA’ALA”

Sundana : “Awal-awalana agama kudu nyaho heula Ka Allah Ta’ala”

Sababna pang kudu nyaho heula teh supaya enggoning manusa ngalakonan ibadahna sah ditarima amal ibadahna ku Allah ta’ala sabab tadi ge amal teh kudu kalawan ilmu upama teu kalawan elmu batal, tegesna teu jadi, samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya mangpaatna pikeun di Akherat ngan ukur di dunya wungkul.

Tapi dina elmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh nyaho, tapi lain nyaho kana syarat-syarat sah batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (MA’RIPAT) ka Allah jeung Ka Rosululloh, sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadahna urang sarerea, ulah nepika tepuh sokna.

Ibarat lamun di dunya mah amal ibadah teh keur ngumpulkeun papaes imah, saperti meja,korsi,lomari,jeung sajabana. Ari MA’RIPAT ka ALLAH, ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh anu geude nyaeta supaya eta barang-barang anu beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, supaya beutah geunah di cicinganana,karana sanajan boga barang loba , sarta aralus, hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna) rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak bae di buruan, di pipir atuh di cicingannage piraku rek aya kageunahanana da meureun kapanasan, kahujanan, keur mah teu geunah di cicinganana teh, jeung barang-barangna oge tangtu babari ruksak moal tulus jadi kanikmatanana.

Komo deui upama urang boga tekad Amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka akherat, atuh beuki wajib pisan MA’RIPATna ka ALLAH Ta’ala teh sabab tempat pangbalikan tea.

Upama teu di kanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maot mah geus moal tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab dina katerangan Hadist : “Upama urang lolong tegesna Teu nyaho ka ALLAH jeung ka ROSULULLOH ayeuna keur di dunya,engke oge di akheratna tetep lolong”. Samangsa- mangsa lolong tegesna poek di akherat, atuh beubeunangan urang di dunya nu meunang hese cape teh, rek di bawa kamana ? .

Ku sabab teu bisa datang ka ALLAH, kana asal urang tadi sarerea,palang siang babawaan teh bakal di bawa utrak- atrok, di bawa ka enggon siluman babawaan urang di jieun kakayaan di nagarana,urang di jieun badegana, kusabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya kudu ihtiar “kudu sadia payung saacan hujan”tegesna kudu nganjang ka pageto, nya eta kudu bisa paeh samemeh paeh. Karena lamun teu bisa paeh heula sajero hirup, moal nyaho ka akherat karana nyaho ka akherat the kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge :

“ANTAL MAOTU – QOBLAL MAOTU”

Jadi gening akherat teh kudu di kanyahokeun jeung kudu di anjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot,jeba-jebi,larak-lirik neanga jalan.

JALAN-JALANNA MA’RIPAT KA ALLAH TA’ALA

Ari jalan-jalanna Ma’ripat ka ALLAH Ta’ala eta aya dua jalan, aya nu tihandap kaluhur , oge aya nu ti luhur ka handap.

Ari nu tihandap ka luhur nyaeta anu masantren heula,ngaji kitab Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh Ibadahna keur jalan Ma’ripat ka ALLAH Ta’ala, tapi hanjakal, kalolobaana mah tara di tepikeun kana Ma’ripatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa Ni’mat pal nunjukna (+) padahal upama di teruskeun Ma’ripat kana Dat-Sifatna ALLAH Ta’ala, piraku teu mendak kani’kmatanana da geuning karek dina Asmana wungkul geus sakitu kani’kmatanana.

Ari jalan nu tiluhur kahandap nyaeta anu nyumponan dalil tadi: “AWALU DINNI MA’RIPATULLAHI TA’ALA”, jalanna lain tina masantren wungkul, tapi kudu jeung daek ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat kalawan jeung ihtiar neangan pi Guru’eunnana, Guru anu mursid,sabab moal weruh tanpa Guru , kkusabab eta mana nu kudu ku urang di susul ? Teu aya deui lian ti Tarekatna Wali nu kudu di susul, sabab eta anu bisa tepi Ma’ripat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Johar Awal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya leleberanana pikeun urang sarerea, sababna tadi oge pa ( + ) pal nunjuk hartina papan merk nu nuduhkeun tempat. Ra wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala.

Kusabab kitu atuh hayu urang pada tareangan ku sarerea eta Tarekat Wali teh, sabab upama teu kaburu kapanggih, tangtu urang moal bisa balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis menitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bisa nyumponan kana dalil.

INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI’UN.

Sundana: “Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah”. Kusabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh pada – pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka Alam dunya, tapi kusabab eta aya dalilna kitu gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasamet biwir wungkul. Kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur – kafir karana heunteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti, kusabab teu karasa, kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang asal tadi ti Allah teh keiu kateranganana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal.

Mimiti urang tomarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum, urang asal teh kaluar ti indung teruskeun papay deui kaluhurna, ari indung urang asal ti mana? Tangtu indung urang teh kaluar ti nini, ari nini asal ti mana? Teu salah deui asalna kaluar ti buyut, ari buyut asalna ti mana? Tangtu kaluar ti bao, ari bao asal ti mana? Nya asalna kaluar ti janggawareng, ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu ti udeg – udeg, ari udeg – udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti kakait siwur saterusna kitu bae, ti indungna deui, ti indungna deui nepi ka Babu Hawa, ari Babu Hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk hadis, asalna Babu Hawa teh, asal tina iga barungna Nabi Adam, ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku hadis, asalna Nabi Adam teh tina aci – Bumi – seuneu – cai – angin, ari aci, bumi, seuneu, cai, angin asal timana?diterangkeun deui kuhadis asalna tina nur Muhammad, cahaya opat perkara :

1. Cahaya hideung hakekatna Bumi
2. Cahaya bodas hakekatna Cai
3. Cahaya koneng hakekatna Angin
4. Cahaya beureum hakekatna seuneu.

Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkeun ku hadis, asalna tina Nur Maha Suci, nyaeta tina Johar Awal, tah samet eta buntu, sabab geus diterangkeun ku hadis jeung qur’an eta Johar Awal teh bibitna tujuh bumi, tujuh langit, sarawuh eusina kabeh, jadi anu kitu tadi ceuk dalil asal ti Allah teh nyaeta asal tidinya tina Johar awal tea, sifatna caang padang nyaeta gulungna Dat jeung Sifat Maha Suci kakara jenengan asma Allah.

- Cahaya beureum jadi hakekatna lapad Alip
- Cahaya koneng jadi hakekatna lapad Lam Awal
- Cahaya bodas jadi hakekatna lapad Lam Ahir
- Cahaya hideung jadi hakekatna lapad He
- Johar awal jadi hakekatna lapad Tasjid

Kitu kateranganana, jadi eta cahaya anu kasebut diluhur teh nu disebut ismudat tea, hartina Asmana Datlaesakamislihi atawa Asmana Nu Maha Suci, ceuk nu ahli padikiran teh latifah tea tah engke teh kudu bisa balik deui kadinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunana ti ayeuna, geura susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana Dat sifatna Allah Ta’ala sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi, tah eta konci Muhammad anu bakal bisa ngaburak barik hijabna ka Allah Ta’ala, upama kapanggih insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana babasan mulih ka jati, pulang ka asal, nyaeta nu mulih ka jati teh , rasa jasmani anu ayeuna keur dipake, balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurrullah ( Johar Awal ) ari anu pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asal deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad cahaya opat rupa deui, beureum, koneng, bodas, hideung, samangsa – mangsa balik ka asal, nya ngarana sampurna, hartina beak, beresih beak rasana, beak jasmanina.

MIMITINA MUN REK NEANGAN PANGERAN

Aya dawuhan kanjeng Nabi Muhammad SAW :

Man tolabbal maolana bigaeri nafsihifaqod dalalan baida

Sundana: “Saha–saha manusa neangan pangeran kaluar tina dirina sorangan, mangka temen – temen eta dijalan kasasaran, karana dina tekadna ngarasa leuwih jauhna Allah ta’ala” padahal aya dalilna:

Wanachnu aqrobbu ilaihi min hablil warid.

Sundana: ”Aing geus teu aya antarana deui jeung maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung pribadi oge masih deukeut keneh maneh jeung Aing, anu matak manusa leuwih dimulyakeun ku Allah ta’ala” kapan ceuk hadisna oge kieu:

Walaqod karomma banio Adam

Sundana: Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam, malah aya deui dalilna:

Laqod holaqna insana fiahsani taqwim

Sundana: Manusa teh pang alus – alusna jeung pang aheng – ahengna kajadian tisasama mahlukna Allah ta’ala, geura lamun maneh geus nyaho kaayaan nu aya dina sajero diri maneh sorangan, tangtu engke ngarasa kaahenganana nu aya dina badan sorangan.

Aya deui dawuhanana kanjeng Nabi Muhammad SAW:

Man ‘aropa nafsahu faqod ‘arofa robbahu

Sundana: Saha – saha anu geus nyaho kana dirina sorangan, geus tangtu nyaho kapangeranana.

Waman ‘arofa robbahu faqod jahilan nafsahu

Sundana: Jeung saha – saha anu geus nyaho ka pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina, karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu di daya upayakeun ku pangeran.

Sidiq ieu si jasad the jadi rokrakna, anu matak urang ngaji the ulah gaji kitab unu keuna kuruksak wungkul, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng kapan aya keteranganana:

Iqro kitabaqa kafa binafsika alyaoma ‘alaika hasiba.

Sundana : “Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng anu aya dina diri maneh sorangan”

Geura teangan qudrat-iradatna pangeran dina diri sorangan,karana leuwih nyata keresana pangeran teh dina diri sorangan jeung leuwih nyata ilmuna pangeran the dina diri sorangan,jeung leuwih nyata hirupnana Pangeran dina diri sorangan jeung leuwih nyata Tingalina Pangeran teh dina diri sorangan jeung leuwih nyata Danguna Pangeran teh dina diri sorangan sarta leuwih nyataPangandika Pangeran teh dina diri sorangan, karena ceuk dalil oge:

Wahuwa ma’akum aena kuntum.

Sundana : “Allah Ta’ala teh ngabarengan bae ka umat umat sakabeh”

Dimana bae maneh aya Aing didinya aya ,tapi sategesna ngaran di barengan ku Allah Ta’ala teh nyaeta ku qudrat-iradana jeung ku ilmuna kapan sidik dina sifat dua puluh oge eus ngarangkep-rangkep.

Saperti :

Hayat jeung Hayan

Hayat hartina hirup

Hayan hartina nu Hirup


Sama jeung Samian

Sama hartina Dangu

Samian hartina nu ngadangu


Basar jeung Basiran

Basar hartina Ningali

Basiran hartina Nu ningali


Kalam jeung Mutakaliman

Kalam hartina ngucap

Mutakaliman hartina Nu ngucap


Qudrat jeung Iradat

Qudrat hartina Kawasa

Naon nu kawasa dina diri sorangan teh?

Teaya deui lin ti hirup, buktina geuning bisa usik.

Iradat hartina keresa nyaeta buktina :

Panon bisa Ningali

Cepil bisa Ngadangu

Pangambung bisa Ngangseu

Baham bisa Nyarita

Tuh geuning bukti, sidik teu pisahna teh ayeuna mah ngan kari teangan barangna bae siga naon sifatna Qudrat atawa sifat hirup teh wajib pisan kapanggihna, supaya bisa kaharti jeung karasana ulah ceuk beja kudu yakin ku sorangan.


NERANGKEUN HARTINA IMAN JEUNG MA’RIPAT

Ari Iman the hartina Percaya

Ari Ma’ripaf hartina Nyaho

Geuning beda Iman jeung Ma’ripat teh,ana kitu atuh urang percaya ayana Allah Ta’ala teh, kudu jeung nyahona (Ma’ripat), Upama teu jeung sidikna mah Imanna Iman taklid, Jadi ngakuna percayana ayana Allah Ta’ala teh ceuk beja batur atawa meunang beja tina kitab bae, jadi anu kitu paham teh meh sarerea,Iman ka Allah teh samet percaya kana ayana bae, pedah aya dadamelannana Bumi jeung Langit, atuh ana kitu mah sumawona nu nyekelan Agama Islam, kapan nu nyekelan Agama sejen-sejen oge pada percaya kana ayana Allah Ta’ala mah atuh naon bedana Agama Islam jeung Agama-agama sejen? Pedah eta kitu, Agama Islam mah aya rukunna:
1. Syahadat
2. Shalat
3. Zakat
4. Puasa
5, Munggah Haji

Tah kitu matakna Agama Islam di sebut Agama pang luhung-luhungna ti Agama-agama sejen kapan kieu dalilna oge :

Al in sanu sirri wa’anna sirruhu.

Sundana: “Rasa Muhammad teh Nya rasa Allah, rasa Allah nya rasa Muhammad”.

Tegesna kanyaho Allah nya kanyaho Muhammad,aya deui Ceuk hadist:

Ila Haqqa billa Haqqin – Ila Haqqin Billa Haqqa

Sundana: “Muhammad teh Haq Allah, Allah haqna Muhammad”

Tah kitu anu matak Agama Islam di sebut pang luhung-luhungna teh, lantaran pang parek-parekna ka Allah Ta’ala, moal aya Allah lamun teu aya Muhammad, moal aya Muhammad lamun teu aya Allah, tegesna moal aya sipaf lamun teu aya Dzat, Moal aya Dzat lamun teu aya sipat, nu matak Kangjeng Rasulullah disebut Panguluna Rasul,jeung disebut Babuning Roch sakabeh, jadi Agama Islam pangna disebut luhur teh, nyaeta ku sabab aya Haq Ma’ripat ka Allah Ta’ala kapan bukti Kangjeng Rosululloh tiasa Mi’raj, barang kabehdieunakeun mah Kangjeng Gusti Syarif Hidayat Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna the tiasa tepang sareng hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad SAW nyaeta anu kasebut Johar Awal tea, tegesna sipatna Maha suci, saur para Wali mah Sajatining Hirup, atawa sajatining Syahadat, nyaeta gulungna Dzat jeung sipatna Maha Suci, jadi sanajan urang oge upama kapanggih mah jeung tarekatna Wali, Insa Allah bisa tepaang sareng Hakekatna Rasulullah, samangsa-mangsa geus diaku umat Rasulullah, Insa Allah engke bakal di candak kana kasalametanana anjeunna, nyaeta kana kasucian,upama teu acan terang kalawan yakinna ka Rasulullah, boh kana Majajina, boh kana hakekatna, tetep acan sah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karana dina Rukunna sahna maca syahadat oge geus diterangkeun dina Kitab:

Kudu netepkeun heula Dzatna Allah Ta’ala.
Kudu netepkeun heula Sipatna Allah Ta’ala.
Kudu netepkeun heula Asmana Allah Ta’ala.
Kudu sidiq heula ka Rasulullah.

Tah geuning kitu sahna maca Syahadat teh, geuning kudu sidiq heula ka Rasulullah sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah, upama teu acan nyaho (MA’RIPAT) kana sipat-sipatna, sabab basa netepkeun teh,kudu puguh heula barangna anu ditetepkeunnana, geuning kitu satemen-temenna maca dua kalimah syahadat teh, lain darapon nyebut bae, karana ari darapon nyebut bae mah budak lembut oge pada bisa, nu matak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah ibarat urang maca programma Bioscop anu rame, tapi bari jeung teu lalajona, naha jadi kanikmatan ka urang? Kitu deui sanajan teu maca progam na, tapi lalajo datang kana tempatna eta bioskop, naha utama mana? Utama nu maca programna atawa utama nu lalajo?

Kitu deui dina babna Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangkeun kana ieu kitab, ulah ganjang teu percaya, ulah ganjang ngalain-lain, karan ieu jaman akhir, pikiran jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun di bobodo, jalma ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa, hayang yakin,sing inget kana babasan kolot baheula, batu turun keusik naek, teu halangan mungguhing kawenangan Allah si kolot jadi bodo, si budak jadi pinter, jeung kudu inget mungguh ilmu Rasululloh teh, aya opat pangkat, nyaeta :
1. Ilmu Sare’at
2. Ilmu Tarekat
3. Ilmu Hakekat
4. Ilmu Ma’ripat

Dina jaman ayeuna mah kitu Ilmu Ma’ripat anu di arudag-udag teh, hayang sidiq ka Allah ka Rasulullah, da bongan aya dalilna:

Wa’bud robbaqa hatta ya’tiyakal yakin.

Sundana : “Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin, supaya sah Dzatna, Sipatna, sah Asmana, sah Af’alna.”

Enggoning ngumbara di dunya teh sing tepi ka ngarasana teu pisahna jeung Allah jeung Rasulullah, Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah beurang peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad,ucap,lampah, saperti sirik-pidik-jail-kaniaya ka sasama mahluk, karana tangtu ngarasa isina, lantaran ngarasa dipoconghok beurang peuting ku Pangeran sagala hal moal bisa di sumput salindungkeun deui jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal make ujug-riya jeung takabur, karana ngarasa geuning diri urang teh, teu aya kakawasaan, estu Apes-Hina-Doip-Bodo, bisa soteh aya rijki pagawean bisa jadi, singhoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci, nyaeta Kudrat-Iradatna anu kawasa nyatana Allah SWT.

Jadi ayeuna bisa oge ditetepkeun samangsa-mangsa jalma make keneh kalakuan sirik-pidik, jail-kaniaya ka sasama mahlukna Allah ta’ala, boh dinu ma’siat, boh di lebe, boh di santri, boh di kiayi pisan, ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasululloh teu ngarasa deukeutna jeung Pangeran tangtu tekad jeung lakuna cicing dina Ujub-Riya-Takabur, sok ngaku pinter aing teu deungeun, ngaku bener aing teu deungeun, ngaku bisa ngaji aing teu deungeun, ngaku islam aing teu deungeun. Jadi jalma anu kitu teh ngaku boga Kudrat-Iradat sorangan bae, teu narima kana Kudrat-Iradat Pangeran, jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaanana Allah ta’ala. Kapan teu gampang urang ngaku islam sumawona tadah-tuduh ka batur si itu islam, si itu kafir anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris netepkeunana. Kieu kateranganana:



BAB  ISLAM

Ari tegesna Islam teh suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu ngajadikeun kokotor? Teu aya lian anging nafsu ku sabab eta saha jalmana di dunya nu teu boga nafsu? Sumawona dina jalma ma’siat sanajan dina nu ahli agama oge pada katetepan nafsu, komo deui anu make Sirik-Pidik-Ujub-Riya-Takabur, sanajan nafsu hayang kana dunya oge geus kotor bae, kieu kateranganana.

Sategesna ari Islam teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina malah keur sahiji teh goib, nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur tah eta nu teu katetepan nafsu teh, sabab tadi geuning urang keur aya dina alam Nur mah teu boga nafsu hayang naon-naon, kitu deui anu Islamna teu dua teu tilu, da ngan sahiji-hijina nyaeta kangjeng Rasululloh. Tuh geuning jalma mah teu kabagean pangkat Islam jalma mah ngan ukur jadi umat tapi kana pangkat umat oge sarebu hiji karana bangga sabab kudu nyaho heula ka Rasululloh jeung ngalakonan kana parentahna, lolobana mah ngan ngaku-ngaku wungkul, sumawona nyaho ka Rasululloh kana parentahna oge loba nu teu ngalakonan, kapan dina Rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka pakuburanana Kangjeng Rasululloh, jeung ka Baetulloh hakekatna kudu terang kana hakekatna Rasululloh jeung karaton Alloh Ta’ala nu aya dina diri sorangan, kapan aya dililna:

Qullu Umatin Wa Rusullihi

Sundana: Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh hartina rasana Allah.

Kusabab eta perlu urang panasaran wajib nganyahokeun kana hakekatna Rasululloh nu aya di badan sorangan, peupeuriheun jarah ka Mekah, Madinah teu bisa kapan tadi oge aya dua rupa, Munggah Haji teh, Haji Majaji jeung Haji Hakeki.

◙ Haji Majaji nyaeta anu bisa jarah ka baetullah jeung madinah

◙ Haji Hakeki nyaeta anu geus nganyahokeun kana Hakekatna Baetullah jeung Rasulullah dina dirina sorangan.

Karana Rasulullah teu pupus,upama pupus mah alam dunya oge moal aya, kapan geuning Kangjenng Gusti Syarip Hidayat oge tiasa tepang ku jalan Tarekat, jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana Hakekatna Rasulullah nu disebut Johar Awal tea, sing kapanggih jeung Tarekatna leleberannana ti para Wali.


NERANGKEUN UMAT RASULULLAH

Ari umat Rasulullah the haq-haqna mah ngan aya opat nyaeta:
1. Sahabat Abubakar
2. Sahabat Umar
3. Sahabat Usman
4. Sahabat Ali

Sabab eta anu opat nu sagulung-sagalang beurang peuting jeung Rasulullah, sarta didamel sahabat (utusan Rasulullah), tapi ayeuna sarerea oge meureun terang yen eta sahabat nu opat teh geus parupus Majajina mah, tapi Hakekatna mah teu pupus, aya di badan Manusa, kapan Rasulullah oge hakekatna aya di manusa.

- Hakekatna Abubakar nyatana Paninggal
- Hahekatna Umar nyatana Pangdangu
- Hakekatna Usman nyatana Pangucap
- Hakekatna Ali nyatana Pangangseu
Eta paninggal – pangdangu – pangucap – pangangseu teh, gaib kabeh teu aya rupana, tah eta hakekatna Kangjeung Nabi Muhammad SAW.

Jeung kudu bisa jadi jadi ngahiji ngarasa babarengannana beurang peuting jeung Rasulullah, samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah, tetap jadi umatna, tiap-tiap geus jadi umatna, tangtu engke bakal di sampurnakeunnana di datangkeun ka Gusti Nu Maha Suci, (Asalna), upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahiji na engke oge pipisahan bae, nyawa urang moal salah deui, tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi Jurig, Setan, Siluman atawa nitis-menitisna duei ka jalma atawa ka sato, samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya, tetep bakal cilaka asup ka naraka, engke dina Qiyamatna ieu alam dunya, karana ayeuna Nyawa-nyawa manusa marakayangan tegesna teu bisa balik ka Allah, ceuk basa ayeuna mah keur di Preventief, aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad, engke inget bakal aya Landratan nu leuwih gede dina Walyaomal akhiri ( Qiyamatna ieu Alam Dunya ).


NERANGKEUN RUKUN IMAN KAGENEPNA NYAETA

Wal qodri chaerihi wasarrihi minallohi ta’ala

Sundana : “Untung ala untung becik papasten ti Allah Ta’ala atawa hade goreng ti Allah Ta’ala.”

Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru, kudu dipikir kudu di leyepan, kapan tadi Gusti Allah teh sipat na Maha Suci, piraku urang anu suci, make bakal nyiksa, make bakal ngaganjar di Akherat, jadi ana ana kitu mah Gusti Allah ngadamel Manusa teh ngalap paedah, kersana rek ngaganjar jeung rek nyiksa, lamun kitu mah atuh moal tulus sucina Allah Ta’ala teh tapi urang kudu percaya kana dalilna, urang kudu percaya kana ayana Sawarga – Naraka atawa ngeunah teu ngeunah engke di Akherat, karana ayeuna ge di Dunya, kembangna geus karasa, aya ngeunah jeung teu ngeunah tapi eta sawarga Naraka teh lain ti Allah Ta’ala tapi sategesna tina tekad jeung pamolah urang keur waktu di dunya, sabab tadi Gusti Allah Ngadamelna manusa teh sakali jadi,heunteu nungtut deui, geus Qunpayaqun, breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana, tapi maparin cukup teh, nyaeta maparin parabotna wungkul naon ari parabot ti Allah Ta’ala teh? Nyaeta Panganggota saperti leungeun dua, suku dua,panon dua,ceuli dua, Irung dua,Baham, jeung Napsu opat perkara: Amarah,loamah,Sawiyah,Mutmainah.

Kieu dawuhan Allah Ta’ala, lamun maneh hayang ka Naraka tegesna hayang kana teu ngeunah, prak bae gera migawe ala, nyaeta migawe kalakuan anu goreng, da kapan geus sadia parabot ti aing, aya Amarah,loamah,Sawiah kitu deui lamun maneh hayang ka Sawarga tegesna kana ka geunahan, pek bae geura migawe kalakuan anu hade, da kapan geus sadia parabotna ti aing, nyaeta napsu mutmainah, sawarga naraka di dunya sumawona di akherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang waktu urang keur di dunya, kitu deui beubeunangannana oge moal keur batur, tetep keur milik urang sorangan, ti dunya nepi ka Akherat.

Jadi ku sabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati-ati, enggoning ngajalankeun parabot ti Allah Ta’ala teh, kudu make budi jeung pamilih anu cukup, ualah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah,sawiah, kirang bara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba-loba teuing, sakurang kurangna sing sama timbangannana jeung ngagunakeun parabot Mutmainah, karana sing awas, eta beubeunangan tina pagawean urang teh engke di akherat ku gusti Allah bakal di tetepkeun, sabeunangna ti pagawean urang bawa ti pangumbaraan nyaeta ti alam dunya saboga-bogana moal pahili deui.

Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngaloba keun parabot Mutmainah? Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka Rasulullah, tegesna kudu ma’ripat, tiap-tiap geus ma’ripat tangtu bisa ngarasa babarengan beurang peuting jeung Allah jeung Rasulullah,tiap-tiap geus ngarasa teu pisah, Insa Allah bisa hade Ibadahna kalawan sah.nagara oge tangtu aman.


NERANGKEUN PASAL QUR’AN
Ari Qur’anna teh aya opat perkara
1. Qur’anul Majid
2. Qur’anul Karim
3. Qur’anul Haqim
4. Qur’anul ‘Adim

Ieu Qur’an anu opat perkara di surahannana ku salah sahiji Ajengan Kiyeu:
No. 1. Qur’anul Majid nyaeta Qur’an anu aya hurupna nu sok di araji ku kaom Islam sa Alam Dunya.
No. 2. Qur’anul Karim hartina Qur’an anu mulya buktina nyaeta keneh bae Qur’an nu aya tulisannana, karana eta anu di mulyakeun ku kaom Islam sa Alam dunya.
No. 3. Qur’anul Haqim, hartina Qur’an anu Agung disebutkeun barangna eta keneh bae Qur’an anu sok dibaraca sabab eta anu di Aragungkeun ku kaom Islam sa Alam Dunya.
No. 4. Qur’anul Adim, hartina Qur’an anu suci jeung nu langgeng di tuduh eta keneh bae buktina mah Qur’an anu aya tulisannana karana eta anu Suci jeung Langgeng hukumannana ti Dunya nepi ka Aherat.

Tah kitu Qur’an nu opat perkara teh disurahannana ku nu ahli Sara jadi di borong bae kajeun aya opat ngarana barang mah eta-eta keneh bae. Jadi anu kitu eta Qur’an tulisan the dianggap Tapekong karana kapan sidik Qur’an eta mah meunang nulis manusa, naha disebutkeun Qur’an eta anu Mulia, anu Agung, anu Suci, anu Langgeng kapan sidik Qur’an tulisan mah keuna ku ruksak, jadi lamun kaom Islam keukeuh boga patekadan kitu atuh teu beda jeung Agama Cina sesembahannana Migusti kana barang anyar turug-turug oge nu nyieuna nu anyar.

Kusabab kitu muga dulur-dulur kaom Islam ulah kaliru kieu ayeuna dihandap ku jisim kuring rek diterangkeun pasal eta Qur’an anu opat perkara teh.

- Qur’anul Majid eta mah cocog barangna nyaeta Qur’an Majaji anu bukti aya hurupna anu umum sok dibaraca ku sarerea kaom Islam.
- Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu Mulya sategesna anu ngaran Qur’anul Karim teh buktina panangan katut ramo karana kapan sidik jolna eta aksara teh tina tangan jeung ramo jadi sategesna nu Mulya teh nyaeta Panangan katut ramo anu mimiti ngadamel eta Qur’an, cik saha anu mimiti ngayakeun eta Qur’an? Piraku teu kaharti tah eta anu Mulya teh.
- Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu Agung nyaeta buktina teh paninggal karana panangan katut ramo moal bisa nulis upama teu aya paninggal, jadi sateges-tegesna anu Agung teh nyaeta paninggalna nu mimiti ngayakeun eta Qur’an.
- Qur’anul Adim, hartina Qur’an Suci jeung langgeng nyaeta buktina hirup karana paninggal tangan jeung ramo moal bisa ngajadikeun upama teu aya hirup jadi sateges-tegesna nu Suci jeung nu langgeng teh hirupna nu mimiti nganyahokeun eta Qur’an.

Kusabab kitu urang oge ayeuna ngaji teh lamun hayang nepi kana Sucina, lamun hayang nepi kana sampurnana eta Qur’an anu opat perkara teh kudu di aji kabeh, mimiti urang kudu daek maca heula Qur’anul Majid nyaeta Qur’an Majaji nu aya hurupna tah eta bagian Ilmu Sare’at sanggeus dibaca kudu terus di aji nyaeta kudu dihartikeun pimaksudeunnana, sanggeus kaharti pimaksudeunnana geura teangan jeung pigawe Tarekatna sangkan karasa, sabab eta Qur’anul Majid teh tuduh jalan pikeun ka Alloh ka Rasululloh, jalanna teu aya deui lian ti ku Tarekat nyaeta ku Qur’anul Karim hartina kudu ngaji pagawean tangan jeung ramo urang anu sakira bakal tepi ka Alloh ka Rasululloh karana Gusti Alloh maparin leungeun jeung ramo ka manusa teh, lain kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Alloh ka Rasululloh supaya tangan jeung ramo urang teh jadi Mulya, karana aya dalilna:

Aso biahum fie ada nihim minas sowaiki hadarol maoti wallohmuhitun bil kafirin

Kieu pisundaeunnana: Lamun tangan jeung ramo maneh teu di pake nyieun jalan maot, tetep tangan jeung ramo maneh martabatna ramo hewan kafir tetep bakal ka naraka.

Tina Qur’anul Karim kudu naek deui kana Qur’an Haqim bagian Tarekat, nyaeta kudu ngaji pagawean paninggal urang nu sakira bakal Haqim tegesna sidik kana barang langgeng tea, karana gusti Alloh maparin awas paninggal ka manusa teh lain bae kudu dipake ngawaskeun kana barang anyar nu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngawaskeun kana Hakekat Alloh jeung Rasululloh, nyaeta anu kasebut Qur’anul Adim anu langgeng tea atawa sifatna hirup bibitna tujuh bumi, tujuh langit sarawuh eusina kabeh, tah didinya urang oge asalna jadi sategesna ngaran Ma’rifat ka Alloh teh nyaeta geus nyaho kalawan Haqim kana Hakekatna Alloh jeung Muhammad tegesna Johar Awal, tapi mangkade kaliru bisi netepkeun Johar Awal teh kana caangna panon poe nu katinggal ku panon kapala, eta mah Johar Pirid bagian Sawarga Loka ( Dewa ) tempatna di Gunung Himalaya perkara Johar Awal anu sajati mah, nyaeta anu kasebut Johar Latif tegesna goib moal bisa katinggal ku panon kapala, ceuk dalilna:

Ru’yatullahi ta’ala fie dunya bi’aenil qolbi.

Hartina : “Ningali Hakekatna Allah ta’ala ti dunya ku awasna ati”

Tegesna ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jelema mah moal aya nu bisa Ma’ripat kadinya karena jelema mah ngan ukur dipake keur tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala, samangsa-mangsa wujud urang geus bisa dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah Ta’ala, tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah Ta’ala, Lantaran geus dibejaan (dipasihan terang) ku Rasulullah, jadi urang mah kabawa ni’mat ku Rasulullah, ti dunya nepi ka akherat, moal sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna karana ti ayeuna oge geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah lantaran wujud teh beurang-peuting di anggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah Ta’ala, samangsa-mangsa geus ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu Suci, Insa Allah tekad jeung laku teh lila-lila oge kabawa Suci, setan-setan moal dareukeut, tapi kitu soteh nu Ma’ripat kalawan Taohidna, ari teu jeung Taohidna mah sulaya bae, sanajan geus boga Tarekatna, teu ngarasa sieun teu ngarasa isin, jonjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama, jadi nu kitu teh Ma’ripatna, Ma’ripat mikung, tangtu di dunyana moal meunang sapaat ti Rasulullah, di dunyana moal lepot tina kasusah, kabendon kunu Maha Suci, ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor geus tangtu poek, da kudu Suci pa Suci-suci eusina, suci cangkangna, kakara jadi di dunyana moal lepot tina kani’matan, di akheratna pon kitu deui.

Kusabab eta poma-poma dulur-dulur anu geus boga jalan ka Ma’ripatan, tekad,ucap jeung lampah anu goreng teh kudu di jaga bener-bener, ulah darapon nyaho bae, tapi kudu di barengan jeung tekadna, ucapna jeung lampahna anu hade, sabab lamun urang ngalakonan pagawean maksiat ngalanggar hukum sara tangtu urang gancang di bebendonna ku nu Maha Suci anu langkung beurat, hukuman bongan geus nyaho, beda deui jeung anu acan nyaho, saperti di Dunya oge urang kampung maling hayam, di hukumna ngan ukur di denda jeung di bui saminggu, coba upama wadana lamun maling hayam hiji, tangtu leuwih berat hukumannana, jaba ti lepas pangkatna teh, jeung bari di hukum tikel dua kali ti anu si kampung tadi, hukuman bongan geus nyaho kana artieklna, komo anu geus nyaho ka Allah Ta’ala mah sing inget perjanjian Guru Mursid ( hartina Guru nu geus inkisap ka Pangeran ) Salamet babarengan noda,dosa jeung doraka pipisahan.


AYEUNA NERANGKEUN MARTABAT ALAM TUJUH (nganggo rucatan engangna kecap)
Alam Ahdiyat hurup Al
Alam Wachdat hurup Lah
Alam Wahidiat hurup Mu
Alam Arwah hurup Ham
Alam Ajsam hurup Mad
Alam Misal hurup A
Alam Insan Kamil hurup Dam

Buktina Alam dunya oge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta tina Alam nu kasebut ti luhur, tegesna alam nu tujuh teh lalakon Allah, Muhammad, Adam ku sabab eta wajib di kanyahokeunnana ku sarerea. Upama urang arek nyusul kana asal sabab lamun teu di kanyahokeun ti ayeuna jalan-jalanna jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui ka asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalana waktu tadi urang turun-turunna ti Akherat ka Alam Dunya.

Ayeuna martabat Alam tujuh teh, ku jisim kuring rek di terangkeun, sarta make ibarat kalawan di buktikeun ku gambar, supaya gampang di hartoskeunna.
Tingali gambarna


TAFSIRNA

A. nyaeta Alam Ahadiat

Martabat nu Maha Suci, dalilna Dzat laesa kamislihi, hartina Dzat anu teu aya umpamana. Kumaha atuh anu matak teu beunang di umpamakeun teh? Naha bakaning ku kawasa? Atawa bakaning ku hiji-hijina.

Upama bakaning ku kawasa, kapan dina zaman eta mah teu acan aya dadamelannana, karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu di damelna kapan di Alam Ahadiat mah sumawona manusa Akherat jeung Alam Dunya teuacan Aya.

Upama bakaning ku Agungna, da tacan aya hina din Alam Ahadiat mah, karana aya basa Agung teh, saenggeus aya hina.

Upama bakaning ku hiji-hijina, da kapan acan aya dua zaman eta mah, sabab aya hiji saenggeus aya nu loba.

Kumaha atuh pi hartieunnana? Supaya eta dalil Dzat laesa Kamislihi teh jadi uni? Kieu poma mupakat mah, nu matak Alam Ahadiat di sebut ku dalil dzat laesa Kamislihi, hartina dzat anu teu aya upamana sategsna nyaeta bakaning ku Suci, hartina beresih teu aya sifat-sifatna acan sumawona jenengannana, naha rek di upamakeun jeung naon upama teu aya sifatna ? sabab di saksian deui ku dalil nu Maha Suci teh haeffin, hartina teu waran, teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu caang Billa Maqanin, hartina teu arah teu enggon, teu di kulon teu di wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di luhur teu di handap, tah kitu katerangannana anu matak nu maha Suci teh teu beunang di upama-upama, sumawona di enggon-enggon, atawa di tuduh-tuduh di ditu didieu, lantaran kaburu lain sabab kahalangan ku bukti.


B. Alam Wachdzat.
Martabat sipatna nu Maha Suci, jadi dina alam Wachdat mah nu dzat laesa teh jadi Dat Sifat Alloh, rupana caang Padang nyaeta nu disebut Johar Awal, Johar hartina cahaya, Awal hartina mimiti, jadi nyaeta nu pangheula-heula aya samemeh Bumi jeung Langit sumawona manusa, tah eta Johar Awal teh nu kasebut Hakekat Muhammad tea kapan ceuk hadis oge Muhammad teh awal-awalna pisan sabab Johar Awal teh Nur, tegesna cahaya nu Maha Suci malah ceuk para wali mah sagara hirup atawa sajatining sahadat, karana gulungna Dat jeung Sifat atawa Alloh Muhammad dina Hakekatna.


C. Alam Wahidiat
Martabat Asmana nu Maha Suci kajadian tina Johar awal Alam Wachdat bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa, nyaeta:
1. Narun Cahaya Beureum
2. Hawaun Cahaya Koneng
3. Maun Cahaya Bodas
4. Turobun Cahaya Hideung

Jadi cahaya anu opat perkara teh nu disebut Nur Muhammad tea, ari Muhammad na mah Johar Awal barang eta Nur Muhammad Cahaya nu opat perkara teh disebutna Hakekat Adam nyaeta asmana nu Maha Suci.
◙ Cahaya nu Beureum jadi Hakekatna lapad Alip
◙ Cahaya nu Koneng jadi Hakekatna lapad Lam Awal
◙ Cahaya nu Bodas jadi Hakekatna lapad Lam Ahir
◙ Cahaya nu Hideung jadi Hakekatna lapad He
◙ Johar Awal Jadi Hakekatna lapad Tasjid

Sareatna jadi lapad Alloh jadi eta Cahaya nu kasebut ti luhur teh nu ngajadikeun bibit nu tujuh langit sarawuh eusina kabeh sanajan eta Agama oge asalna tina tidinya bae.
◙ Ayana Sahadat nyaeta ku ayana Johar Awal
◙ Ayana Solat nyaeta ku ayana Cahaya Beureum
◙ Ayana Zakat nyaeta ku ayana Cahaya Koneng
◙ Ayana Puasa nyaeta ku ayana Cahaya Bodas
◙ Ayana Munggah haji nyaeta ku ayana Cahaya Hideung

SANAJAN WAKTU OGE AYA 5 WAKTU
1. Subuh bagian Nabi Adam
2. Lohor bagian Nabi Ibrohim
3. Asar bagian Nabi Nuh
4. Magrib bagian Nabi Isa
5. Isa bagian Nabi Musa

PERTINGKAHNA SEMBAHYANG OGE 5 PERKARA
1. Nangtung
2. Takbiratul Ihram
3. Ruku
4. Sujud
5. Lungguh

SAHABAT OGE AYA 4 KA 5 KANGJENG NABI
1. sahabat Abubakar
2. sahabat Umar
3. sahabat Usman
4. sahabat Ali
5. Kangjeng Rasululloh

DI MEKAH AYA IMAM OPAT KA 5 BAETULLOH
1. Imam Sapi’i
2. Imam Hanafi
3. Imam Hambali
4. Imam Maliki
5. Baetulloh

Tah geuning sidik kabeh oge tina Asmana Allah Hakekatna nyaeta Nur Muhammad Cahaya opat perkara ka lima Johar Awal.


D. Alam Arwah
Martabat Af’alna nu Maha Suci nyaeta Af’al na Allah ta’ala ngajadikeun ieu Alam Dunya keu ceuk Ilmu akal mah ngadamelna teh.

Ibarat dina bioskop mah nyaeta Istijradna bangsa Walanda Alam Wachdat nyaeta Johar Awal teh lir ibarat listrikna ari Nur Muhammad Alam Wahidiat ibarat kacana.
Narun teh ibarat kaca Beureum
Hawaun teh ibarat kaca Koneng
Maun teh ibarat kaca Bodas
Turobun teh ibarat kaca Hideung

Barang eta kaca nu opat rupa disorot ku Johar Awal, kajadian bijil kalangkangna.
Tina kaca Beureum jadi Seuneu Alam Dunya
Tina kaca Koneng jadi Angin Alam Dunya
Tina kaca Bodas jadi Cai Alam Dunya
Tina kaca Hideung jadi Bumi Alam Dunya

Ku kawasana-kawasana Allah Ta’ala bleg jadi ieu Alam Dunya, nyaeta jagat kabir jadi sategesna Alam Dunya teh kajadian tina Nur Muhammad.


E. Alam Ajsan
Martabat manusa, saeunggeus nu ngadeg ieu alam dunya,Gusti nu Maha Suci bade neraskeun deui midamel Adam Majaji, terus nimbalan ka malaikat, miwarang turun ka alam dunya, kudu nyokot aci seuneu, aci Angin, aci Cai, aci Bumi gancangna geus beunang eta aci-acina anu opat perkara teh terus di damel.

◙ Aci Bumi kajadian kulit bulu Adam
◙ Aci Seuneu kajadian getih daging Adam
◙ Aci Cai kajadian urat balung Adam
◙ Aci Angin kajadian otot sungsum Adam

Ku kawasana Allah Ta’ala jleg bae jadi dalil Muhammad, Mim He, Mim Dal, nyaeta:
◙ Cahaya nu hideung jadi hakekat Lapad Mim Awal
◙ Cahaya nu Bodas jadi hakekat Lapad He
◙ Cahaya nu Koneng jadi hakekat Lapad Mim ahir
◙ Cahaya nu Beureum jadi hakekat lapad Dal
◙ Johar Awal jadi hakekat Lapad Tasjid

Sareatna jadi lapad Muhammad atawa sabalikna tina lapad Allah.
◙ Mim Awal lapad Muhammad tegesna Sirah
◙ He lapad Muhammad tegesna Dada
◙ Mim Ahir lapad Muhammad tegesna Udel
◙ Dal lapad Muhammad tegesna Suku

Tapi teu acan bisa usik malik, ngagoler saperti golek, gancang terus diliangan opat liang, nyaeta di Panonan, di Cepilan, di Pangambungan, di Bahaman, terus eta liang di asupan ku Sorotna Nur Muhammad, kajadian bisa usik malik, eta Adam atawa Jagat Sagir teh, jadi sidik pisan ayeuna oge hirupna Manusa teh sare’atna ku ayana Cahayana, kitu deui pang maotna Manusa teh, ku teu aya cahaya samangsa-mangsa geus teu aya Cahaya Si jasad atawa Jagat Sagir, geus teu aya kakuatannana, buktina gancang burukna.

Kitu deui iyeu oge jagat Kabir, nyaeta Alam Dunya pang kuatna teh, ku angliduti ku sorotna Nur Muhammad, jadi moal salah deui engke dina Kiamatna ieu Jagat Kabir (Alam dunya) saperti Manusa (Jagat Sagir) bae, di candak deui cahayana nyaeta Panon Poe, Bulan, Bentang, tangtu bae ieu Alam Dunya ruksak, atuh tinggal naonna? Tina Bumi tinggal poekna, Seuneu tinggal panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana, saha nu bakal nyicingan Naraka? Teu aya deui nu bakal nyicingan teh nyaeta Idajil La’natullah tea sakanca-kancana sakur nyawa-nyawa Manusa anu teu barisa barisa balik deui ka Allah Ta’ala sabab tadi keur di Dunyana beunang ku panggoda Setan, lantaran teu Iman ka Allah ka Rasulullah.

Karena eta Idajil teh tadina mah Malaikat kakasih Allah Ta’ala, lantaran samemeh aya Adam dipiwarang ngeusian iue Alam Dunya, tapi di janjiannana lilana di Alam ngan sarebu taun, ku sabab Malaikat Idajil ngarasa ngarasa betah di alam Dunya teu hayangan balik deui ka sawarga, nepika tilu rebu taun, tah didinya mimitina di bebendonna ku Allah Ta’ala, jadi geus teu meunang balik deui kasawarga, kudu tetep wae di Alam Dunya bae, tapi engke bakal di tetepkeun dina dadasar naraka saeunggeus Kiamatna ieu Alam Dunya, bakatning ku bedegongna sang Idajil, manehna sanggupbae, tapi Idajil yuhunkeun ijin rek ngagoda ka anak putu Adam, pibatureun manehna di Naraka, Gusti Allah ngidinan, hade tapi saha-saha anu teu Iman ka Aing jeung ka Rasulullah.

Ayeuna rek malikan deui pasal Adam, tadi diluhur ku jisim kuring geus di caritakeun anu di damel Adam Majajina teh, tina Acina Seuneu, Angin, Cai, Bumi, bilih bae nu ngaos sareng nu ngadangukeun ieu kitab, nyangka saperti Seuneu,Angin,Cai,Bumi teh diperes saperti nyieun aci sampeu, saenyana lain kitu, jadi nu kasebut aci seuneu,angin,cai,bumi teh buktina nyaeta sakur nu jaradi tina taneuh, saperti tatangkalan nu gede nu leutik, kapan sidik pisan pisan bisa na ngagedean tatangkalan teh opat perkara:
◙ Kudu cicing dina taneuh
◙ Kudu kacaian
◙ Kudu ka anginnan
◙ Kudu kapanasan

Cacakan karek ku kahiheuman oge geuning tara jadi buah, jadi kusabab eta tatangkalan lila cicingna dina bumi, lila kaaiannana, jadi eta hawana asup kana tatangkalan, saeunggeus gede tangkalna, nya terus bijil buahna, tah eta bubuahan teh bakating wujud Adam, sanajan urang oge asal tidinya bae, ngan beda Adam mah di damelna ku Allah Ta’ala barang kadiyeuna mah saenggeusna aya Adam jeung Babu Hawa, atawa Indung Bapa urang, bubuahan teh didahar heula nya kajadian aya Wadi Madi Mani Maningkeum, barang eta Wadi Madi Mani Maningkem, tepung tegesna contak jeung sorotana Nur Muhammad Cahaya anu Opat perkara tea, nya kajadian kipel ngajadi jabang bayi di jero beuteung indung, ari nu teu jadi mah nyaeta anu teu contak tegesna heunteu tepung jeung Nur (Roch), sabab tadi ge Allah Ta’ala teh wenang ngajadikeunnana jeung wenang teu ngajadikeunnana, Manusa mah teu aya kakawasaan, nagan ukur jadi lantaran pikeun ngayakeun pi wadaheunnana Roch bae, nyaeta sakur anu di tuang, karana Indung Bapa urang upama teu barang tuang, moal kajdian aya cimanina.

Kala waktu orok di jero beuteung teu acan aya nyawaan, ngan kakara aya hirup wungkul nyaeta Roch suci tea, nu matak teu aya Rasa naon naon barang gubrag kaluar, roch suci contak hartina tepung jeung hawa ieu Alam Dunya, nyaeta Hawana tina, Seuneu,Cai,Angin, nya kajadian eta orok aya napasan, atawa sipatna nyawa, hakekatna nyawa nyaeta rasa, jasmani, dina waktu eta panon bunceulik teu acan aya awasna, culi molongo teu acan aya dengena, irung teu acan aya angseuna, sungut teu acan bisa nyarita, ngan karek aya sorana bae, barang geus dibere barang dahar nyaeta ci susu atawa kadaharan naon bae, nyaeta tina Acina bumi seuneu cai angin, jadi eta Aci nu opat perkara teh kajadian deui ayeuna, nyaeta ngajadi getih opat perkara, nu disebut Roch jasmani, tuluy eta getih nu opat rupa teh surup sinurup.

◙ Getih hideung kajadian tina aci bumi sumurup kana kulit, nya ngarubakan kulitna orok, Hawana kaluar bijilna kana baham, watekna bisa ngomong.
◙ Getih nu beureum kajadian tina aci seuneu, sumurup kana daging, nya ngagedean dagingna orok, hawana kaluar bijilna kana ceuli, watekna bisa ngadenge.
◙ Getih nu bodas kajadian tina aci cai, sumurup kana tulang, nya ngagedean tulang (Balung) orok, Hawana kaluar bijil kana Panon watekna bisa ningali aya Awasna.
◙ Getih anu koneng kajadian tina aci angin sumurup kana sungsum, nya ngalobaan sungsumna orok, Hawana kaluar bijil kana irung, watekna bisa ngambeu.

Saenggeus eta orok geus rubak kulitna gede dagingna, gede tulangna, loba sungsumna, kaluar deui hawana nyaeta napsu opat perkara: Amarah, Lowamah, Sawiah, Mutmainah, nyaeta buktina sagala kahayang anu hade anu goreng.

Tuh geuning bukti ngagedeannana jasad teh, sanajan tanaga, pikiran, akal sumawonna paningngal, pangrungu, pangucap, pangangseu, teu aya deui anging ku pitulungna Roch Seuneu, Cai, Angin, Bumi naon sababna pang luhung kitu teh? Teu aya deui pang kajadian sagala ti dinya teh supaya eta parabot-parabot teh kudu di gunakan di pake parabot Ibadah jeung kudu di pake Parabot keur nyieun jalan pikeun nganyahokeun ka Asal, nyaeta ka Allah supaya engke manehna ka bawa balik deui ka Allah, karana anging Manusa anu ka tetepan Agama, Manusa anu katetepan Ilmu anu bakal bisa nyampurnakeun roh-roh sa alam dunya mawa balik deui ka Alloh ta’ala anu matak sakabeh roh-roh sa alam dunya kabeh oge pada arasup ka manusa, sumawona rohna Bumi, seuneu, cai, angin eta mah sapopoena sanajan roh-rohna hewan nu halal nu haram, nu beresih nu najis, eta sakabeh oge pada arasup ka manusa.

Kieu jalan-jalanna saperti bangsa tatangkalan (kai) bener sare’atna mah teu didahar k manusa, tapi kapan sok dipake nyuluhan sangu atawa naon bae tangtu eta rohna asup kana sangu, nu matak jadi beda rasana waktu tadi keur beas keneh jeung jadi sangu, kitu deui bangsa hewan anu haran anu najis oge milu arasup bae, puguh ari jinisna mah teu didahar, tapi upama anjing babi paeh di darat jadi gemuk dipelakan cau, cauna asup deui ka manusa jadi sidik manusa teh jadi cukang keur peuntas roh-roh sa alam dunya balik deui ka Alloh ta’ala.

Ku sabab eta sidik Gusti Allah mah mah Suci tetep teu nyiksa teu ngaganjar, sateges-tegesna anu bakal nyiksa teh nyaeta roh-roh tina sagala rupa anu geus asup ka manusa kulantaran teu di bawa balik deui ka Allah Ta’ala, rohna seuneu engke bakal jadi Naraka Panas, Rohna Cai engke bakal jadi Naraka Tiis, Rohna Bumi engke bakal jadi Naraka Poek, Rohna Hewan engke bakal nyeureudan atawa ngegelan kana nyawana manusa.


F. Alam Misal
Martabat, martabat ilmu saha-saha Manusa di Dunyana geus Ma’rifat kana asal wujudna nyaeta sagara Alam ( Lt.C ) tadi, eta ilmuna geus nepi kana pangkat Misal hartina geus nyaho kana asal nyaeta sifatna Cahaya Beureum, Koneng, Bodas, Hideung. Engke dina maotna bakal asup ka Sawarga tegesna dina kanimatan anu teu aya babandingannana sarta langgeng teu aya putusna.


G. Alam Insan Kamil
Martabat kasampurnaan, samangsa-mangsa manusa di dunyana geus bisa Ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Johar Awal tea atawa Alam Wachdat ( Lt.B ) tadi, eta ilmuna geus tepi kana pangkat Insan Kamil hartina manusa sampurna, engke dina maotna bakal jatoh kana pangkat Kamil Mukamil hartina sampurnaning-sampurna beak rasana, beak jasmanina jadi dat laesa kamislihi deui saperti waktu tadi samemeh urang turun ka Alam Dunya.



AWAL PERMULAAN NGAJI MA'RIFAT


ﺒﺴــــــﻢﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻤﻦﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

MUKADIMAH

Ka-aqroban saurang hamba jeung Gusti-Na, sapertos anu tos di Firmankeun ku Alloh dina salah sawios Hadist Qudsi (anu langsung sumping ka leubeut Qolbu Rasululloh) :

ﻤـﺎاﺗـﻘـﺮبااﻠﻲاﻠﻤﺗـﻘـﺮﺒـﻮﻥ ﺒـﻤـﺜـﻞاﺪاﺀ ﻤﺎاﻓـﺗﺮﻀﺖ ﻋـﻠﻴـﻬـﻢ ﻮﻻﻴـﺰاﻞ اﻠﻌﺒـﺪﻴـﺗـﻘﺮﺐاﻠﻲ ﺒﺎﻠﻧﻮاﻓﻞ ﺤـﺗﻰاﺤـﺒـﻪ ﻓﺎﺀ ﺬااﺠـﺒﻠـﺗـﻪ ﻜـﻧـﺖ ﺴـﻤـﻌـﻪاﻠـﺬﻱ ﻴﺴﻤـﻊﺒـﻪ ﻮﺒﺼﺮﻩاﻠﺬﻱ ﻴﺒﺼﺮﺒـﻪ ﻮﻠﺴﺎ ﻧـﻪاﻠﺬﻱ ﻴـﻧﻃﻖ ﺒـﻪ ﻮﻴﺪﻩاﻠﺗﻰ ﻴـﺒﻃﺶ ﺒـﻬﺎﻮﺮﺠﻠـﻪاﻠﺗﻲ ﻴـﻤﺷﻰ ﺒﻬﺎ ﻮﻗﻠﺒـﻪاﻠﺬﻱ ﻴـﻀﻤﺮﺒـﻪ

“MA ATAQARRABA ILAYYAL MUTAQARRIBUNA BIMISTLI ADA’I MAFTARADLTU’ALAIHIM, WALA YAZALUL’ABDU YATAQARRABU ILAYYA BIN NAWAFIL, HATTA UHIBBAHU, FA IDZA AHBABTUHU KUNTU SAM’AHULLADZI YASMA’U BIHI WABASHARAHUL LADZI YUBSHIRU BIHI WA LISANUHUL LADZI YANTHIQU BIHI WAYADAHUL LATI YABTHISYU BIHA WA RIJLAHUL LATI YAMSYI BIHA WA QALBAHUL LADZI YADLMIRU BIHI”
Hartosna :
Jalma-jalma anu ngarasa deukeut ka KAMI, teu saukur ngalaksanakeun naon anu Kami Fardhukeun wungkul ka maranehna, malahan si jalma eta ngarasa deukeut ka Kami bari jeung ngalaksanakeun amalan-amalan Nawafil (salaku ibadah tambahan) neupikeun Kami oge mikacintana. Lamun Kami geus mikacinta kamaranehna, Nya Kami anu bakal jadi pangdanguna, anu jeung eta manehna bisa ngadenge, Kami anu jadi paningalna pikeun nenjo, Kami anu jadi pananganna pikeun nyekeul, Kami anu jadi suku pikeun lempang, jeung Kami oge anu jadi Hatena, anu jeung eta manehna bisa ber-Fikir kalawan boga cita-cita (panghareupan). (Riwayat imam bukhori).

Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman :

ﻜـﻧﺖ ﻜـﻧﺰا ﻤﺧـﻔـﻴﺎ ﻓﺎﺀ ﺤـﺒـﺒـﺖ اﻦ اﻋـﺮﻒ ﻓـﺧـﻠﻘﺖ اﻠﺧﻠﻕ ﻠﻴـﻌﺮﻓـﻧﻲ

KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, FA AHBABTUAN ’URAFA FA KHALAQTUL LIYA’RIFANI
Hartosna :
“Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Gaib. Tuluy Kami boga kahayang supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk (Muhammad). Taya lian supaya maranehna bisa Ma’rifat (nyaho) ka Kami”.

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA

Naon Artina “ AWALUDINI (ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ) ? Yakni Permulaan Agama.
Jeung Permulaan Agama eta Ma’rifatullah (ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ), nyaeta Nyaho jeung ngaku ayana Allah.
Naon asal Ma’rifat (ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ )? Yen asal Ma’rifat eta bisa dibedakeun antawis Mukhadas sareng Qodim sabab Hakikat akan wujud eta Mukhadas, jeung Hakikat Wajibul Wujud eta Qodim, teu tiasa bersamaan kaduana, jeung tidak berhimpun kaduana.
Anu mana dinamakan Agama teh? Yen anu dinamian Agama teh nyaeta ibarat mengahimpunkeun ka-opat perkara, nyaeta : Iman, Islam, Tauhid jeung Ma’rifat

WAMAN LAN YAKFIRULLOH FIDDUNYA, FAKAIFA YAROHU FIL AKHIROH (Q.S. BANI ISRAIL : 72)
Hartina : Saha-saha anu lolong (teu nyaho) ka Alloh keur didunyana, geus tangtu di akheratna oge lolong.

LAESA KAMISLIHI SYAEUN WAHUWA SAMIUL BASHIR
Hartina : Gusti Alloh teh teu bisa disaruakeun jeung naon bae nu aya di ieu dunya.

LATAHAROKUL JASADU ILLA BIIDNIROH, WALATAHAROKUL ROHU ILLA BIIDNILLAH.
Hartina : Obah usikna jasad ku Roh, Jeung obah usikna Roh ku Gusti Alloh.

WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : Gusti Alloh teh babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, dimana bae manehna aya didinya anjeuna aya ( Q.S. Al-Hadid : 4 )

WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti batan urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh.

WALLOHU BIKULLI SYAIIN MUHIT
Hartina : Jeung Allah nga angliputan ka sakabeh makhlukna nu aya dina ieu alam.

AL-INSANU SIRRI WANA SIRRUHUU
Artinya : “Manusia teh gudangna rusiah Kami, Jeung Kami teh gudang rusiahna (maranehannana)”.

LAM YANSA’NI ARDHI WA LA SAMAA’IY WAWASI’ANI QOLBU AB’DI ALMUUMINU ALLAYYINU ALWAADI’U.
Bumi jeung langit teu sanggupeun ngamuat Zat Kami (Dhat Allah), lintang ti hate hamba-hamba Kami anu mukmin nu Mukhlis (ikhlas), kalayan tawadhu.

AL-INSANU DHOHIRULLAHI WA ILLAHU BATHINUL IMAMMA
Artinya : Manusia teh wujud lahiriahna sedengkeun Allah wujud batinna.

ﻮﻤﺎﺧﻠـﻘـﻞاﻧـﺴﻦ ﻠﻞ ﻤـﻌـﺮﻓـﺘـﻴـﻪ
WAMA KHOLAQOL INSANAA LIL MA’RIFATIHI
“Dan Tidaklah Aku Ciptakan Manusia Melainkan Untuk Ma’rifat (mengenal) ke pada-KU”.

YAA AYYUHAN NAS !, MAN QASHADANII’ARAFANII WAMAN A’RAFANII ARAADANII WAMAN ARAADANII THALABANII. WAMAN THALABANII WAJADANII WAMAN WAJADANII DZAKARANII WALAM YANSANII. WAMAN DZAKARANII WALAM YANSANII DZAKARTUHUU WALAM ANSAHUU.
(Hei Manusa! Singsaha anu nuju ka Kami, manehna bakal nyaho (Marifat) ka Kami. Singsaha anu nyaho ka Kami, menehna miharep ridho kami. Singsaha anu miharep Kami, tangtu neangan Kami. Singsaha anu neangan Kami, tangtu bakal menangkeun Kami. Singsaha anu geus menangkeun Kami, salawasna manehna nyebut tur eling ka Kami, jeung moal rek mopohokeun Kami, Singsaha jalma anu salawasna nyebut tur eling ka Kami, maka Kami salawasna ingeut jeung manehna moal Kami popohokeun.

WAMAN ARAFALLAAHA FA ATHOO’AHU NAJAA WAMAN ARAFASY SYAITHAANA FA TARAKAHUU SALIMA. WAMAN ARAFADDUNYA FARAFADLAHAA KHOLISHO. WAMAN ARAFAL AKHIRAH FATHALABAHAA WASHOLA FA INNALLAAHA YAHDII MAN YASYAA’U WA ILAIHI TUQLABUUN.
(Jeung singsaha anu nyaho ka Allah, manehna taat, maka manehna salamet. Singsaha anu nyaho setan, manehna ninggalkeun godaannana, manehna salamet. Singsaha anu nyaho dunya, manehna nolak, maka menehna bersih jeung lepas tina sagala keterikatannana. Singsaha anu nyaho akherat manehna nuntut kalawan miharepna, maka manehna nepi kanu ditujuna. Saenyana Allah mere pituduh ka singsaha wae anu dikehendakina jeung mung ka Anjeunna urang bakal dikembalikeun.

Ari kawajiban Ma’rifat pikeun manusa aya 4 (tilu) hal nyaeta :

1. Marifatul Kholqi (Nyaho kana sakabeh makhluk ciptaannana),
2. Marifatul Al-Ghair (Nyaho kana sakabeh jiwa jeung tabeat manusa)
3. Marifatu Nafsi (Nyaho ka dirina sorangan),
4. Marifatullah (Nyaho ka Allah).

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Hartina : Ari awal permulaan agama nyaeta kudu nyaho ka Allah Ta’ala. Maksudna supaya enggoning urang ngalakonan ibadah teh ngarah syah ditarima amal ibadahna ku Allah Ta’ala sabab “amal teh kudu kalawan elmu, lamun teu kalawan elmuna bakal batal, moal aya manfaatna pikeun di akhirat, ngan saukur keur mapaesan dunya wungkul”.
Tapi nganyahokeun ka Allah eta lain saperti nganyahokeun kahawades beh jentulna tapi kudu ku Elmuna sabab ceuk dalilna oge ari Allah mah “ Dhat Laesa Kamislihi Saiun” (teu aya upamana bakating kuhiji-hijina) mung Anjeuna nyalira anu jumeneng ku Anjeun “Dhat tanpa wiwitan-Dhat tanpa wekasan”.


“AWALU WAJIBUN ALAL INSAN MARIFATULLAHI BI ISTIQANI”
Ari awalna (mimitina) kawajiban manusa nyaeta kudu nyaho ka Allah ku kayakinan anu panceug/kuat (istiqomah) nyatana anu teu umbut kalinuan teu gedag kaanginan. Lir ibarat urang ngucapkeun dua kalimah syahadat, lain ngan ukur bisa ngucapkeun wungkul dina sungut, bahwa urang geus nyaksi yen teu aya deui panggeran iwalti Allah sareng Muhammad Rasul Allah, lain saperti kitu bae tapi kudu jeung sidikna nyatana Sidik kana Dhatna, Sidik kana Sifatna, Sidik kana Af’al-na jeung Sdik ka Rasulna. Lamun urang geus sidik kanu opat perkara tadi baru urang bisa disebatkeun syah ibadahna, ari kangaranan SYAHADAT nyaeta Syah/ bener nurutkeun Adat/carana nyatana Syah Dhat-na, Syah Sifat-na, Syah Asma-na jeung Syah Af’al-na. Kapan ceuk dalilna dina Qur’an oge “WABUDU ROBBAKA HATTAA YA’TIYAKAL YAQIN” (Jeng Ari nyembah ka Allah teh kudu sidik kalawan yakin Q.S Al-Hijir : 99). Kecap yakin didieu ngandung harti anu geus bener-bener percayana, percaya oge cumah lamun teu dibarengan ku Ma’rifatna ari hartina Ma’rifat nyaeta nyaho. Jadi percaya kana ayana Allah teh kudu jeung nyaho kalawan sidikna, upama teu jeung nyahona/sidikna berarti Iman-na Taklid (Nyaeta ngaku Iman ngan saukur sabatas omongan jeung mung sakadar ceuk kitab wungkul).

ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ
“WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU” (Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).

اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﺮﺒـﻪ اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻪ
ARAFUKUM BIRABBIHI ARAFUKUM BINAFSIHI Artina : Jalma anu bener-bener nyaho ka Allah nyaeta anu geus lewih ngarti jeng nyaho ka dirina sorangan.
Tapi nyaho ka Allah lain cukup kupanon lahir wungkul tapi kudu jeung elmuna, sabab Ghoib kudu ku Ghoib deui da manusa oge aya ghoibna kapan saur dalilna oge “WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN” (Ari Allah teh Ghoib manusa oge Ghoib), Iwalti kudu nganyahokeun ka dirina sorangan.

ﻤﻦﻋـﺮﻒاﷲ ﻻﻴـﺧـﻔﻰﻋـﻠﻴـﻪ ﺷـﻲ
MAN ‘ARAFALLAHA LA YAKHFA ‘ALAIHI SYAI’UN
Hartosna : Singsaha anu geus nyaho ka Alloh, teu aya deui rusiah sejen (anu Ghoib) di MantenNa.

Pengenalan ka diri sorangan ngarupakan Fardhu Ain sesuai jeung dalilna “WALA ANA AWALU NAFSI FARDHU AEN”. (Jeung kanyahokeun ku anjeun saenyana mimitina kudu nganyahokeun kana sifatna hirup kalawan “aen”/wajib). Bagi tiap-tiap manusia mengenal bahwa diri itu harus dikenal sebagai suatu Zat yang hina, lemah, dhoif, umi dan fana pengenalan mana dapat menimbulkan keyakinan bahwa Tuhan itu Mulia, Berkuasa dan Kekal AdaNya. Orang yang tidak mengenal dirinya tidak akan mengenal Tuhan-Nya baik didunia maupun di akhirat dan apabila ia tidak kenal akan TuhanNya maka ia tidak dapat menyembah TuhanNya itu dengan sebaik-baiknya. Bukankah orang yang buta didunia ini akan buta pula nantinya di akhirat bahkan lebih sesat lagi ?

WALIKULI QULU UMATIN WAROSULIHI (Q.S. Yunus : 47)
Hartina : Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh, hartina Rasa Alloh.

WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU
Hartina : Kudu taqwa maraneh (ngabersihkeun kokotor lahir batin) engke maraneh tangtu di paparinan elmu Allah.

AM KAEFA YARHALU ILLALLOH WAHUWA MAKBALUN BI SAHWATIHI
Hartina : Kumaha rek bisana lumampah nepangan Alloh, sedeng manehna diringkus ku hawa nafsuna.

Kusabab eta mempeng urang keur hirup didunya, urang kudu bener-bener ibadahna ka Allah, jeung ikhtiar pikeun beukeul urang engke mulang lamun geus di parengkeunnana cunduk waktu ninggang mangsa balik ka akherat nyatana maot anu bakal pasti kaalaman kusakabeh anu hirup, aya paribasana “Mawa payung samemeh hujan” tegesna kudu bisa nganjang kapageto nyaeta kudu bisa ngarasakeun maot samemeh maot anu sabenerna
ﻤـﻮﺘـﻮ اﻗـﺒﻞ اﻦ ﺘﻞ ـﻤﻮﺘـﻮ
MAUTU QOBLA ANTAL MAUTU, atawa (ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU)
Hartina : Kudu bisa paeh samemeh paeh ( kudu bisa mati sajeroning hirup)

HASABU ANFUSAKUM QOBLA ANTAL HASABU.
Hartina : Hisab heula ka badan sorangan samemeh ngahisab ka batur

INNA LILLAHI WA INA ILAIHI RO’JIUN
Hartina : Asal ti Alloh kudu balik deui ka Alloh.
ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ
ILLA HAQQA BILLA HAQQIN - ILLA HAQQIN BILLA HAQQA
(Hak Allah teh Hak Muhammad – Hak Muhammad teh Hak Allah)

Jadi ngeunaan Hak Allah jeung Hak Muhammad eta kabeh oge geus kahimpun tina “Dua Kalimah Sahadat”.
Kapan Ari Kasampurnaan SAHADAT eta aya 4 (opat) perkara :
1. Nganyahokeun : Ngandung harti kudu geus Sidik kalawan Ma’rifat-na Ka Allah Ta’ala kapan Hak Mutlak Allah SWT yaeta dikenali dan diketahui keberadaan Diri-Nya, Yang meskipun Al-Ghaib (tidak akan pernah menampakan diri di muka bumi ini) namun dapat dirasakan amat sangat dekat sekali dalam rasa hati ini (lewih deket tibatan urat beheng hamba-hambaNa).
2. Ngucapkeun : Ngandung harti nandesken atawa negaskeun ku ucap, kana naon hal anu geus kapanggih jeung kasungsi ku diri pribadina. Sebagai ikrar penyaksian kana Ka-Agungan Allah SWT.
3. Ngabenerkeun : Ngandung harti nga enyakeun kana naon hal anu geus jadi padamelannaNa, Nyatana ayana Urang, Bumi, langit, Sawarga jeung Naraka, katut sakabeh pangeusina. Anu ngarupakeun bukti nyata tina sagala Af’alna Kang Maha Suci.
4. Ngayakinkeun : Ngandung harti anu geus nyampai kana Syarat syah-na Sahadat.

Sedengkeun Ari Syarat Syahna Maca Sahadat teh :
- Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Ta’alla
- Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Ta’alla
= Kudu geus Netepkeun Kana Af’al-na Allah Ta’alla
- Kudu geus Sidik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun kana Sifat Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.

Ceuk paribasa sepuh mah Ulah nuduh kanu jauh ulah nyawang kanu anggang, Anu anggang geuwat raketan, anu deukeut geuwat dehesan (Anu hartina : riksa kudiri sorangan naon-naon anu aya dina diri/awak sorangan).
Saur Pidawuh Rasulullah oge “NAFSIKA MATIYATUKA FARFUK BIHAA” Artina : Diri anjeun lir ibarat Jalan (Alat) pikeun bisa Nyampai kana Ridho-Na Kami.
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
(Jeng Saha-saha jalma anu neangan Panggeran (Allah) kaluar tina dirina sorangan mangka satemen-temenna eta jalma geus kasasar.) Dina hal ieu nembe kuurang tos tiasa kasawang jeung kalenyeupan yen hakekatna Panggeran sabenerna teu jauh jeung diri urang sorangan, malahan justru leuwih moncongok Manten-Na tibatan diri urang sorangan “Nahnu Aqrabun Illaihi Min Hablil Warid” (Kami leuwih deukeut kamaraneh tibatan urat beheungna sorangan Q.S Qaaf Ayat 16 ) “Wahuwa Ma’akum Ainama Kuntum” (Jeung kami marengan kamaraneh sakabeh (Dimana anjeun aya nya didinya kami aya) Q.S Al-Hadid Ayat 4).
“Ru’yatullahi Ta’ala fidunya bianil Qolbi” (Ningalina Allah didunya kupanon (mata hati) tapi teu kalawan kafiat sabab teu adu hareupan, kusabab geus ngahiji sagulung sagalang lir upama sagara jeung ombakna, seneu jeung panasna, cai jeung tiisna, kembang jeung sengitna, gula jeung amisna, kopi jeung paitna, uyah jeung asinna. Kapan ceuk dalilna oge “ Innalloha Ala Kulli Sai’in Muhit” (Saenyana Allah Ta’ala ngaangliputi kasakabehna lir ibarat cahaya kaangliputi ku caangna, seneu kaangliputi ku panasna).

IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM

IMAN : Percaya kalawan yakinna
TAUHID : Teuteup – ajeug – Jeujeug
MA’RIFAT : Nyaho – Nyata – Teu samara
ISLAM : Suci – Sumerah – Salamet

Haqul Aen : Kakara deudeukeutan atawa reureujeungan
Haqul Yakin : Geus deukeut / geus reureujeungan
Ma’rifatul Aen Nyaeta kakara basa jeung carita.
Ma’rifatul Haq Nyaeta geus nyata, tetela karasana

NU KA ASUP KUMAWULA KA GUSTI TEH NU ASIH KA PAPADA MAKHLUKNA
Hartina : Jalma anu geus nyaho hartina bener, tara gampang nyalahkeun nu lian.
Jalma anu geus uninga ka Gusti, tangtu welas asih ka abdi abdina. Anu welas asih ka abdi abdina, saolah-olah ngabakti anjeunanana. Ulah waka ngaku tunggal jeung gusti, upama can welas asih ka makhlukna.
AGAMA teh pituduh jeung katerangan ti Alloh Ta’ala. Filsafat hasilna tina pikiran manusa.
Iman teu jeung ikhtiar, Elmu teu jeung amal sarua jeung kosong. Saksi nu nomer hiji nu baris nyalahkeun jeung ngabenerkeun teh hate. Najan pinter bisa nyarita ngareka reka basa, najan unggul dina catur, hate mah tetep nyaksian ( nu salah bakal cilaka, nu bener bakal salamet).

◙ LENYEPANEUN
Akal jeung pikiran dikamudikeun ku tekad, tekad dikamudikeun ku Tekad anu lempeng bener, teu cukup ku elmu nu luhur, teu cekap ku paham nu tabah, anging ku “ KODRAT IRADAT NU MAHA SUCI”. (Nyeka raga, Mersihan diri, Nyucikeun ati ‘TATAPA NEDA LAKSANA’
Dina Al-Qur’an : “WA’ ASMAIHI TA’ALLOH ABADAN BI KUFRO”
Hartina : Sing saha nu ngaji Asmana bae, tetep kafir lamun teu timu barangna.

Barang dina wujud ngan aya 4 (opat) perkara :

1. SAREAT
Sareat, lakuna badan letakna dina sungut (Pangucap)

2. TAREKAT
Tarekat lakuna ati nu letakna dina irung (Pangambung)

3. HAKEKAT
Hakekat lakuna nyawa, letakna di ceuli (Pangdangu)

4. MA’RIFAT
Ma’rifat lakuna rahsa, letakna di mata (Paninggal)

Sholat Subuh   : Nabi Adam ayana dina Wujud
Sholat Lohor   : Nabi Enoh ayana dina Pangdangu
Sholat Asar    : Nabi Ibrahim ayana dina Paninggal
Sholat Maghrib : Nabi Musa ayana dina Pangucap
Sholat Isa     : Nabi Isa ayana dina Pangangseu
Sholat Minal Witir : Nabi Muhammad ayana dina Rasa Jasmani

Allah Muhammad Adam
Hirup Rasa Adeg
HIRUP = Kanyataan ayana Gusti
RASA  = Kanyataan ayana Muhammad
ADEG  = Kanyataan ayana Adam

Malaikat Jibril mepelingan ka kanjeung Nabi Adam “ Kudu tobat, ari anu di ucapkeun ku Nabi Adam dina dalil Qur’an nyaeta :
ROBBANA DOLLAMNA ANFUSSANA WA ILAM TAGHFIRLANA WATARHAMNA LANA KUNNANA MINAL KHOSIRIN

ARI ASMA MUHAMMAD ETA AYA 4 (OPAT) PERKARA :

1. MUHAMMAD HAQ (ANU SAJATI)
Nyatana Dhat Sifat = rupina caang dumeling anu ngarupakeun sagara hirup nyaeta bibit buitna nyawa sakabeh.

2. MUHAMMAD HAKEKI
Sorotna tina Dhat Sifat anu ngaluarkeun/ngabijilkeun cahaya opat warnae :
Asal tina 4 (opat) unsur Alam :
1. Seneu (Na’run/ﻧـﺮﻮﻥ)
2. Angin (Hawa’un/ﺤـﻮﻋـﻮﻥ)
3. Cai (Ma’un/ﻤـﺎﻋـﻮﻥ)
4. Taneh (Turabun/ﻄﺮﺍﺒـﻮﻥ)

Asal tina 4 (opat) unsur Cahaya :
1. Cahaya Beureum (Nurul Ahmar)
2. Cahaya Koneng (Nurul Ashfar)
3. Cahaya Bodas (Nurul Abyad)
4. Cahaya Hideung (Nurul Aswad)

3. MUHAMMAD HARID
Nyaeta Rasa pribadi atawa Rasa Jasmani urang

4. MUHAMMAD MAJAJI
Anu ngarupakeun Rupa Jasmani
Suku Cangkeng/udel Badan/Tangan Kepala

ﻣ ﺣ ﻣ ﺩ

WA’BUDU ROBBAKA HATTA, YA TIYAKAL YAKIN (Q.S. AL-HIJIR : 99)
Hartina : Sembah Panggeran Anjeun sing nepi ka datangna kayakinan (kudu aenal yakin, sing sidik ka Maha Agung, ulah dikira kira, di judi judi ku ati yen Alloh teh ayana di luhureun arasy).
Anu Aqrob jeung kakawasaan anu Agung, hirup urang, eta kakawasaan Gusti Nyaeta hakekat Muhammad tea.

HAQULLOH = Hak Allah = hirup urang haqqul Adam = rasa jeung nafsu = Nyawa. Ari nyawa sifatna geutih ari geutih nyatana Nafsu.
Sifatna Hirup = Sifatna caang = Roh Suci.

Manusa kudu wajib percaya kana barang ghoib, kapan ceuk dalilna oge :
HUDAN LIL MUTTAQIENNA, ALLADZINA YU’MINUNA BIL GHAIBI (Q.S. Al-Baqoroh : 3)
Hartina : Nyaeta sakabeh jalma anu iman nekadkeun, ngabenerkeun, sarta ngaku kana perkara ghaib.

WA ALLOHU GHOIBUN AL INSANU GHOIBUN
Hartina : Jeung Alloh teh Ghoib manusa oge Ghoib.

ASMA’UL HUSNA (Asma Gunti Alloh ) sadayana aya 99. Diringkeus jadi aya 5, diantarana bae :
1. ASMAUL DHAT
3. ASMAUL SIFAT
3. ASMAUL ASMA
4. ASMAUL AF’AL
5. ASMAUL JINSI

IMAN AYA TILU TINGKAT :
1. IMAN TAKLID : Iman tina beja batur
2. IMAN IDLAL : Naek tinu ka hiji
3. IMAN TAHKIK : Geus gembleng, geus yakin kana Dhat, Sifat, Asma jeung Af’alna Alloh Ta’ala


BEDANA RIJALUL ALAM JEUNG RIJALULLAH
Duanana oge sapangkat, nyaeta pangkat Senapati. Rijalul Alam : Nyaeta senapati Alloh anu ngagelarkeun Elmu Dohir nyatana elmu kadewaan. Ari asalna ti kanjeung Sayidina Anwar (Istijrad).
Ari Rijalullah : Nyaeta senapati Alloh anu ngagelarkeun Elmu Agama, anu asalna ti kanjeung Syaidina Anwas (Mujizat). Duanana oge putra Nabi Sit A.S. incu ti kanjeung Nabi Adam sareng Babu Hawa.

BEDANA ELMU ISTIJRAD JEUNG MUJIZAT
Ari elmu istijrad mah teu sesah napaan, asal percaya oge geus cukup. Sedeng ari elmu mujizat mah kedah di galeuh ku ngirangan tuang leueut (Tirakat).

SING TALITI – SING SIDIK

NUR MUHAMMAD = ADAM HAKEKI = BABAKALNA ALAM DUNYA

CAHAYA BEUREUM = NARUN = SENEU
CAHAYA KONENG = HAWAUN = ANGIN
CAHAYA BODAS = MAUN = CAI
CAHAYA HIDEUNG = TURABUN = TANEUH / BUMI
KALIMA CAANGNA ALIP – LAM – LAM – HE = ALLOH ( ﺍﷲ )
DHAT – SIFAT – ASMA

1. NABI ADAM, PANGKATNA : HALIFATULLAHU
2. NABI ENUH, PANGKATNA : HABIBULLAHU
3. NABI IBRAHIM, PANGKATNA : HALILULLAHU
4. NABI MUSA, PANGKATNA : KALAMULLAHU
5. NABI ISA, PANGKATNA : ROHULLAHU
6. NABI MUHAMMAD, S.A.W. PANGKATNA : RASULULLAHU

Para Nabi kasebut diluhur parantos parupus, Para “Rasul” mah teuteup teu robah nepi ka kiamat oge, kumargi kitu urang keudah : SING APIK – SING TELIK

CATETAN TINA BAGIAN HAK :
RASULULLAH = RASA ALLAH
RASA MANUSA = RASA SEJATI GHAIB
RASA JASMANI = RASA PRIBADI

Naon hartina DALIL – HADITS – IJMA – QIYAS

DALIL  = Pangandika Allah SWT
HADITS = Pangandika Rasul
IJMA   = Pangandika para Wali jeung para muslimin/ulama
QIYAS  = Sategesna Akal.

NAON ARI “KAFIR“? KAFIR teh sategesna lain si itu, si eta, tapi nyaeta jalma anu jahat atina, disagala bangsa oge aya tangtuna.


DHAT – SIFAT ALLOH TEH = HAKEKATNA MUHAMMAD = SAJATINING SAHADAT = JOHAR AWAL = SAGARA HIRUP = BIBIT NYAWA SADAYANA.

Tarekatna ngelmu teh = ngagunakeun akal sangkan Aenal Yakin.

NAON BEDANA HIRUP JEUNG NYAWA
Gusti Allah maparin Nyawa ka manusa teh dina urang mimiti ngabogaan rasa, nafsu, jeung kahayang. Nafsu anu opat perkara nyaeta : Nafsu Amarah, Loamah, Sawiyah, Mutmainah. Barang mimiti gubrag ka alam dunya. Sedeng ari Hirup mah geus ti beh ditu, dijero beuteung indung oge geus bisa usik (hirup suci).
Ceuk Hadits : “MAN SOLA BILA MA’RIFATIN LAA TASINU SOLATUHU”
Hartina : Singsaha jalma anu solat bari teu kalawan Ma’rifat, maka teu sah solatna.

Sabda Nabi Muhammad SAW (Imam Gojali)

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Hartina : Awal-awalna agama ku Ma’rifat heula ka Allah Ta’ala.

Dawuhan Allah Ta’ala dina Qur’an Surat Al Hijir ayat 99 :
WA BUDU ROBBAKA HATTA YA’TIYAKAL YAQINU
Hartina : Kudu nyembah maneh ka Panggeran maneh teupi ka Yakin.

Anu Ghoib diwujud manusa teh nyaeta : DHAT – SIFAT – ASMA ALLAH.
Jadi hartina Ghoib teh sifat sifatna Hakekat.
DHAT = HAKEKATNA ALLAH
SIFAT = HAKEKATNA MUHAMMAD
ASMA = HAKEKATNA ADAM
AF’ALULLOH = Amanat Gusti Alloh, nyaeta suci atina, suci ucapna, suci lakuna. Samemeh urang ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, perlu di kanyahokeun pertanyaan-pertanyaan dihandap ieu :

1. Naon hartina Agama?
2. Naon hartina Gama?
3. Naon hartina Hirup?, Hirup ku Hirupna – Hirup kunu Hurip.
4. Saha nu Hirupna?
5. Saha nu Hurip?
6. Naon hartina Qudrat?
7. Naon hartina Iradat?
8. Naon hartina nu Maha Suci?
9. Naon hartina Elmu?
10. Naon hartina diri Gama?
11. Manusa teh makhluk nu pang unggul-unggulna ti saantara makhluk. Naon unggulna manusa ti makhluk nu sejenna?
12. Naon bedana hirup urang jeung salian hirup ti urang?
13. Naon ari tetengger Agama Islam?
14. Sajaba Rukun Islam jeung Rukun Iman, rukun naon deui anu di kanyahokeun deui ku urang?
15. Naon ari Rukun Agama Islam?
16. Naon ari Fardhuna Agama Islam?
17. Naon ari Saratna Islam?
18. Naon ari batalna Islam?
19. Dina kitab naon pepekna caritaan jeung prak-prakannana anu diparentahkeun ku hukum sara?


Saparantos kajawab pertarosan-pertarosan diluhur perlu oge di emutkeun, margina aya perlu kanggo bahan kapayun nyaeta :
1. Para Nabi = Mu’jizat
2. Para Wali = Karamat
3. Para Mu’min = Syafa’at
4. Ahli Bid’ah = Ihana
5. Bangsa Kafir = Mujajilah

Rek “Iman” ka Gusti Alloh ?, Aos engke dina bagbagan “ Ngawincik Gusti “ ngudag kanyataan Panggeran.

Alam Anu Tujuh :
1. Alam Ahadiyat
2. Alam Wahdat
3. Alam Wahidiyat
4. Alam Arwah
5. Alam Mitsal
6. Alam Ajsam
7. Alam Insan Kamil

DEMI PUJI AYA 4 (OPAT) HARKAT :
1. PUJI : “KODIM ALAL KODIM”
DALILANA : “LAILLAHA ILLA ANA”
HARTOSNA : “EUWEH DEUI ALLAH LIAN TI KULA”

2. PUJI : “KODIM ALAL HADITS”
DALILANA : “NI’MAL ABDU INNAHU AWWABBUN”
HARTOSNA : “PANG ALUSNA JALMA TEH ANU SABAR” GUSTI ALLAH MUJI KA ABDINA

3. PUJI : “HADITS ALAL KODIM”
DALILANA : “LAILLAHA ILALLAH”
HARTOSNA : “EUWEH DEUI PANGGERAN ANU WAJIB DI SEMBAH ANGING GUSTI ALLAH ” TI ABDI MUJI KA GUSTINA

4. PUJI : “HADITS ALAL HADITS”
DALILANA : “JAEDUN KARIMUN”
HARTOSNA : “JALMA MUJI KA JALMA DEUI”

NGAWINCIK GUSTI
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, ku pirang-pirang hadits keung pirang-pirang dalil. Hadits teh saringeun deui, jeung dalil teh intipeun deui, diintip ciri-cirina, disaring sari-sarina, mun geus ka intip cirina sarta geus kasaring sarina, ciri teh jadi ciciren diri, sari teh jadi sarining budhi, budhi basa kanyataan, ciciren diri sajati.
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, lain pagawean anu gampang-gampang, lamun ku jelema anu nganggap bangga, sabalikna henteu gampang-gampang acan lamun ku jelema kakotektak jalan jalanna.
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, moal ka udag ku jalan apal-apalan jeung galur do’a-do’aan, henteu cukup ku kuru cileuh kentel peujit bae, tapi kudu kalawan dibarengan ku jalan “Kautamaan” nyaeta kautamaan lahir jeung batin.
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, kudu sing puguh galurna, sing nincak kana tapakna, nyaeta galur anu nuntun kana kujur, tapak anu nuduhkeun kana jalan, jalan cukang kautamaan, nungtun kana karahayuan, geusan kasalametan lahir batinna.
Naon ari Gusti Alloh teh?
Naon ari Panggeran teh?
Anu bisa ngajawab ieu pertanyaan, ngan jalma anu geus nyaho kana hartina IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM (Islam teh Rukun Agama Islam)

IMAN : Percaya kalawan yakinna
TAUHID : Teuteup – ajeug – Jeujeug
MA’RIFAT : Nyaho – Nyata – Teu samara
ISLAM : Suci – Sumerah – Salamet

Jalma anu percaya, anu geus tetep, anu geus nyaho jeung anu geus suci, tangtu nyata ka Panggeranana, tekadna jeung lampahna saimbang jeung iradatna anu kawasa, satuju jeung gusti Allah anu Maha Murah jeung Maha Asih.
Uapama urang hayang nyaho kumaha Qudrat Iradatna Gusti anu Maha Murah jeung Maha Asih, urang kudu mapay heula tina bag-bagan “ELMU TAUHID”. Demi “Elmu Tauhid” teh nyokot patokanana tina kitab “USHULLUDIN”. Kitab Ushulludin teh, nyaeta anu medarkeun hal ihwal Agama Islam, ngadadarkeun kana kaayaan Panggeran, Gusti diwincik ku wiwitanana, Panggeran dipedarkeun dugi kawekasanana, ku perantara bagbagan “SIFAT 20 ALLOH”.

◙ PANYELANG : Lain caang ti beurang, lain caang ti peuting, tapi caang anu dumeling. Lain caang panon poe, lain caang bulan purnama, tapi caang ati di sajeroning eling

DHATTULLOH  : Nuduhkeun yen Gusti Alloh teh hiji/tunggal.
SIFATTULLOH : Nuduhkeun sagala pasifatan nu digelarkeun ku Gusti Alloh.
AS’MAULLOH  : Nuduhkeun kana pangjeunengan Gusti Alloh anu Murah tur Asih.
AF’ALULLOH  : Nuduhkeun kana padameulan jeung kakawasaan Gusti Alloh

Dhattulloh  : Anu ngayakeun Sifat
Sifattulloh : Anu Ngayakeun Asma ALLOH
Asma’ulloh  : Anu ngayakeun Af’al

Nu “Teu aya” teh saenyana mah “aya” numatak aya “ngarana”. Sanajan disebut “Euweuh” oge saenyana mah henteu jauh tin u aya jauh. Wajib ayana mustahil “Euweuhna”. Sabab, sanajan euweuh nu aya, tetep moal euweuhna. Tah kitu sababna pang Gusti Alloh wajib ayana di mustahilkeun euweuh teh (AYA TEU KALEUNGITAN KU EUWEUH).

NAON ARI AF’ALULLOH ?
Af’alulloh nyaeta amanat Gusti Alloh, ka abdina. “Kudu suci tekadna, suci ucapna, jeung suci lampahna, jelema anu geus uninga ka Gusti, tangtu welas asih ka abdina. “Anu welas asih ka abdina, saolah-olah ngabakti ka anjeunana”.“Ulah waka ngaku tunggal jeung gusti upama encan welas asih kapapada makhlukna.

DINA PANGAJARAN “ELMU MA’RIFAT” BISA DIBAGI KANA DUA BAGIAN :
1. MA’RIFAT AEN = Kakara basa jeung nyarita
2. MA’RIFATUL HAQ = Geus nyata, tetela jeung karasana.

Lamun hayang nyaho, jeung bener ngarasa “Tunggalna kaula Gusti” kudu aya guru tuduh anu mursyid, sangkan ulah aya akhirna nepi ka bekas nyalahan, sabab dina ieu pangajaran henteu ngan saukur ku paribasa jeung carita bae, tapi kudu kalawan make “Praktek” nyaeta praktek pangajaran “Nunggalkeun” Kaula Gusti.
Kitu lamun upama memang urang hayang ngudag pangajaran “Ma’rifatul Haq”, tapi upama ngan saukur ngudag pangajaran “Ma’rifatul Aen” mah cukup ku sasemet basa jeung carita bae.

◙ PANYELANG
Leuleupeutan leuleumeungan, dipalar kejo poena. Deudeukeutan reureujeungan jeung Alloh sapo-poena.


Nerangkan Syahadat Para Rasul :

1. RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM HALIFATULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud maneh eta kanyataan ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge :
“WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH”
Artina : Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun wadah jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu solat 2 (dua) roka’at, waktu subuh pikeun tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga wujud.

2. RASUL NU KA DUA NABI ENUH A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula denge maneh pribadi, sabab denge maneh eta Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “SAMI WAL SAMIAN”. (Artina : Ceupil jeung Pangdanguna). Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat) roka’at, sing tarima boga dua ceupil jeung dua suku.

3. RASUL NU KA TILU NABI IBRAHIM A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM HALILULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Ibrahim Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi montong hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula paninggal maneh pribadi, sabab paninggal maneh eta Paninggal Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “BASHIR WAL BASHIRAN”. (Artina : Soca jeung Paninggalna). Jeung prak maneh kudu sujud, solat waktu ashar lobana 4 (opat) roka’at, kudu tarima ngabogaan dua siki mata jeung dua leungeun kenca katuhu.

4. RASUL NU KA OPAT NABI MUSA A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA KALAMULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Musa Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan aing pribadi, tapi montong hayang nyaho kana Dhat-Sifat Aing, kanyahokeun heula pangucap maneh pribadi, sabab pangucap maneh eta Pangucap Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “KALAM WAL MUTAKALIMAN”. (Artina : Ucap jeung Nu ngucapkeun). Jeung prak maneh geura solat waktu maghrib lobana 3 (tilu) roka’at, sabab saperkara boga baham, kaduana boga lisan, katiluna boga ati.

5. RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ISA ROHULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Isa dikersakeun ku Kami geus jadi utusan Kami, tapi teu kudu hayang nyaho kana Dhat Kami, kanyahokeun bae heula Napas maneh pribadi, sabab Napas eta kanyataanana hirup Kami Kami.
Prak maneh geura solat Isa 4 (opat) roka’at, lantaran di maneh eta ngabogaan 2 (dua) liang irung, katiluna Nafas, nu kaopat geutih, geus bukti sabab lamun geutihna lampus, nafasna oge moal aya.

6. RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD RASULULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Muhammad Maneh teh utusan Kami, ka Kami maneh kudu Ma’rifat, sabab maneh anu pang deuheusna,
Kapan ceuk dalilna oge : “AL INSANU SIRI WA ANA SIRUHU”. (Artina : Sategeusna maneh Muhammad rasa Kami, jeung Kami teh rasa anjeun) kapan pangkatna oge Muhammad – Rasululloh,. Ieu kami mere Buroq pikeun engke ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun ka anak incu, terus ka para Wali sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung Gusti, malah nepi ka poe Qiyamah.

Tingali lafadna Nabi-nabi : Adam, Enuh, Ibrahim, Musa, Isa. Sadayana teu ngangge tasjid ( ), iwalti Nabi Muhammad, sami sareng lafad Alloh, netelakeun carita teu aya deui, yen Nabi Muhammad anu dipaparin Konci keur ngadeuheus ka Hyang Agung. Jadi sanajan ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih “Tasjidna” asal suhud neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa sareng dibarengan ku TEKAD – UCAP – LAMPAH anu suci. Mangga lenyeupan. Saur sepuh : “KERIS MANJING WARANGKA, WARANGKA MANJING CURIGA”.

CATETAN : Ngelmu teh kudu : KAPANGGIH – KAHARTI – KARASA - Jeung NYATA
KAPANGGIH Pituduhna
KAHARTI Maksudna
KARASA Eusina ALLOH
NYATA Ayana

Teangan jalanna (Tarekat) nyaeta carana keur nunggalkeun Kawula jeung Gustina.
Nyaeta: REP SIDAKEP TUNGGAL, AMATENI PANCAINDERA, NUTUP BABAHAN HAWA SANGA – SIRNA RASANA – BUNGAH MANAHNA (MATENI PATANG PERKARA ).

Ulah nunjuk anu jauh, ulah neang anu anggang, cukcruk badan sakujur, kotektak awak sorangan, sing terbuka, sing kapanggih, karampa sarining rasa, cirri diri anu sajati.
KARATON YANG MANON, Tegesna, Dhar Yang Agung = Baetulloh anu sajati tempatna ngahampura dosa, teu di kulon, teu di kidul, teu di kaler, teu di wetan, teu di luhur, teu dihandap, tapi dina hate anu suci. (QOLBU MU’MININA BAETULLOH).
Ingeut ! Ulah nuduh ka Alloh kana wujud, da Alloh mah teu beunang disaruakeun jeung naon bae nu aya di ieu dunya, Kapan ceuk dalilna oge : “LAESA KAMISLIHI SYAE’UN”.
Sumawonna make nyamarutkeun kana dirina mah, hukumna oge kufur. Manusa mah teu daya teu upaya, kapan “LAHAWLA”.
Urang wajib neda dihampura ku Alloh, tapi Alloh moal waka ngahampura dosa urang, lamun indung bapa urang henteu ngahampura.
Lamun urang henteu Ma’rifat ka Alloh, kana Dhat, Sifat-na Gusti, bisa jadi “Akbarna geu meureun kamana mendi, hare hare ngaler ngidul.
Ulah gampang-gampang nyalahkeun kana kaayaan nu lian, lantaran itu ieu oge acan tangtu, et amah anging Alloh anu Maha Uninga.
Ulah hayang kapuji, lantaran jalma anu resep di puji teh, batinna rugi.
Ulah bosen-bosen nanyakeun lamun aya anu teu ngarti, sabab loba tatanya teh teu aya gorengna, sarua jeung ngumpul-ngumpul bahan keur naekeun darajat pribadi.
Ulah adigung-adiguna, ieu aing pang akangna, boga rasa pinter aing teu deugeun, bisi ti soledat anu akhirna matak kawalat.
Sajabina ti eta urang kudu boga : TATA-TITI, SOPAN SANTUN, JEUNG DUDUGA PERYOGA. Kudu dipake.
Gusti wajib dipuji, Ibu rama wajib dipunjung dipuja, (Ka Alloh urang sumembah, ti Ibu rama ngalap mulus rahayuna sareng berkah salametna.
Sirik pidik, jail kaniaya, hiri deungki ka batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma. Ulah sok panasan ku milik batur, matak ngarerab hate sorangan. Jalma kudu rea batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri budi akal lantaran ti pada jalma.
Eling-eling mangka eling rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae, raga taya pangawasa, hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa.
(HIRUP NU NGABOGAAN PATI – PAEH TEU NYAHO DIMANGSA).
Nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan. Nu teguh ngukur ka kujur, ingkar ti takabur, betah nimbang-nimbang awak, pasti maksudna katewak.

PANGAJARAN ELMU SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT
Urang bantun anu pangringkeusna bae, ringkeus diringkeuskeun deui. Sanaos kitu, ari ku jalmi anu berbudi sareng anu berakal mah tangtos ka judi ku ati, tiasa enggal ka paham ku manah, caang padang narawangan, kasasar “Inti sarina”, terbuka jalan anu sampurna, patokan hirup mulus hurip mukhlis, ulah hirup kusut hurip rujit.

PATOKAN ELMU SAREAT
◙ Kudu nurut kana parentahna Gusti Alloh.
◙ Ulah saomong-omongna.
◙ Ulah satenjo-tenjona.
◙ Ulah sok sadenge-dengena
◙ Ulah sacokot-cokotna.

PATOKAN ELMU TAREKAT
◙ Kudu nganyahokeun dawuhannana Gusti Alloh.
◙ Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di omongkeun.
◙ Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di tenjo.
◙ Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di denge.
◙ Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di cokot.

PATOKAN ELMU HAKEKAT
◙ Kudu nyaho bener ka Gusti Alloh.
◙ Kudu ngomong anu bener.
◙ Kudu nenjo anu bener.
◙ Kudu ngadenge anu bener.
◙ Kudu nyokot anu bener.

PATOKAN ELMU MA’RIFAT
◙ Kudu sing nyaho bener tunggalna Kawula Gusti.
◙ Kudu sing nyaho bener bedana anu hade jeung anu goreng.
◙ Kudu sing welas jeung asih kapapada makhlukna.
◙ Kudu panjang ingetan, kudu boga wiwaka pamilih.
◙ Kudu campleng wawanen, pengkuh ngukuhan kanyataan.

MA’RIFATNA IMAN AYA 5 (LIMA) RUPA
1. IMAN TAKLID = Nyaeta iman anu masih ula ilu (tuturut munding)
2. IMAN ELMU   = Nyaeta iman anu hasil tina pangaweuruh/Guguru.
3. IMAN AYAN   = Nyaeta iman anu geus teu samara-samar deui ( Ma’rifatul Aen)
4. IMAN YAKIN  = Nyaeta iman anu geus yakin kana Dhat, Sifat, Asma, Af’al-na Gusti Alloh Ta’ala (Ma’rifatul Yakin).
5. IMAN HAK    = Nyaeta iman anu geus murakabah, nyaeta anu geus bisa netepkeun kana sajatina Niat, nyatana : BILLAHI, FILLAHI, LILLAHI, MINALLAHI, ILALLAHI.

NGEUNAAN ROH AYA 7 (TUJUH) RUPA
1. ROH NABATI
2. ROH HEWANI
3. ROH RABBANI
4. ROH RAHMANI
5. ROH IDLOFI
6. ROH JASMANI
7. ROH ROHANI



BAB SHOLAT


SHOLAT TEH AYA 2 (DUA) BAGIAN :
1. SOLAT ISTILAH
2. SOLAT LOGAWI


SOLAT ISTILAH
Demi solat istilah, nyaeta solatna badan anus ok biasa dipigawe sapoe sapeuting 5 waktu tea nyaeta : Subuh, Lohor, Asar, Maghrib, Isa.
Kapan dina dalilna oge : “AQWALUN WA AF’ALUN MUFTAHATUN BI TAKBIRI MUFTAHATUN BI TASLIMI”
Anu hartosna : Solat anu dimimitian ku takbiratul ikhram, jeung ditungtungan ku aweh salam.

Syarat-syaratna Solat Istilah eta aya 15 perkara :
1. Islam
2. Pinter
3. Manjing waktuna (Baleg)
4. Nyaho kana fardhu jeung kipayahna.
5. Ulah nyunatkeun nu perlu jeung sabalikna.
6. Suci badanna
7. Suci prakprakanana.
8. Buni oratna.
9. Madep ka Kiblat.
10. Ulah ngomong salian ti anu dibaca
11. Ulah aya gawe anu sejen
12. Ulah baranghakan
13. Ulah mangmang hate.
14. Ulah megatkeun solat
15. Ulah batal solat.

Ari Fardhuna Solat aya 5 Perkara :
1. Takbiratul Ikhram
2. Fatihah
3. Atahiyat
4. Solawat
6. Salam

Ari Mukaranahna Solat aya 4 Perkara :
1. IHRAM   = Ngaleungitkeun guruhna dunya
2. MI’RAJ  = Dumeheus teu karana lengkah
3. MUNAJAT = Unjukan teu karana ucap
4. TUBADIL = Cul pagawean nu sejen, tetep solat kari solat.

Lantaran sagala dicokot ringkesna, babacaanana jeung prakprakanana solat Istilah didieu teu dicaritakeun. Pangna urang wajib solat anu lima waktu teh nurutkeun “Hukum Sara” mah kieu : TUMARIMA URANG DIGELARKEUN KA ALAM DUNYA KU NU MAHA SUCI TEH, KUDU AYA TANDANA, DEMI TANDANA NYAETA KU RUPA SOLAT ANU LIMA WAKTU TEA.
Ari hartina solat istilah teh : Pangabakti ka Gusti Nu Maha Suci ngemban dawuhan Panggeran. Pangna diayakeun sapoe sapeuting 5 waktu the, nyokot tina tangtungan wet anu di ayakeun ku “Hukum Islam”, nyaeta rukun anu lima tea.
Nurutken paham mah solat istilah teh ngandung harti anu kacida pisan pentingna, penting kana bagian lahir, oge penting kana bagian batin. Jadi solat anu lima waktu teh, bisa dibagi kana dua bagian nyaeta : WET LAHIR jeung WET BATIN.

WET LAHIR
Wajib sakabeh umat kudu berseka, berseka leungeun, sungut, irung, ceuli, suku, berseka badan khususna, sabab samangsa-mangsa sehat pikiranana tangtu sehat uteukna jeung saterusna.
Wudhu teh nyaeta saolah-olah pangajaran nitah urang supaya mindeng ngumbah leungeun, mindeung kekemu, mindeung ngumbah irung, mindeung ngumbah beungeut, mindeung ngumbah ceuli, mindeung ngumbah suku, malah alusna pisan mah sing getol mandi bari ngaruruan daki.
Oge lain arek solat bae wajib ngumbah leungeun teh, tapi arek dahar oge wajib ngumbah leungeun the ; lain arek solat bae wajib kekemu teh, tapi entas dahar oge wajib kekemu ; lain areka solat wae ngumbah irung teh, tapi ari aya kokotor mah wajib disusut.; lain arek solat wae wajib ngumbah ceuli teh, tapi ari aya kokotor mah wajib dibersihkeun; lain arek solat bae wajib ngumbah suku teh, tapi lamun asup ka imah oge teu aya halanganana ngumbah suku ; lain arek solat wae wajib kekebut teh, tapi arek sare oge wajib kekebut jeung saterusna. Kujalan kitu, badan rawuh paparabotanana bisa sehat salilana, sarta upama bener diturut anu kasebat di luhur, tangtu barudak pasantren atawa budak anu sejenna ditanggung moal aya anu barudug (baca saratna solat ti nomer 1 nepi ka nomer 9).

WET BATHIN
Wajib sakabeh umat teh kudu ngaraksa jeung ngariksa, Nyaeta ngaraksa leungeun bisi barang cokot lain cokoteunana; kudu ngaraksa sungut tina ucap, bisi ngucapkeun lain ucapeunana; kudu ngaraksa irung tina ambeuan bisi nu di ambeu eta lain ambeueunana; kudu ngaraksa ceuli tina dedengean, bisi nu didenge teh lain dengeeunana; kudu ngaraksa suku tina lengkah, bisi anu dilengkahkeun eta lain lengkaheunana; jeung saterusna. Kujalan kitu tangtu pikiranana, bisa solat salilana, samangsa-mangsa sehat pikiranana, tangtu sekeut uteukna, sarta upama bener diturut sakumaha anu kasebat diluhur, tangtu barudak pasantren atawa budak sejenna moal aya anu parasea, sumawona nepi ka maseaan Indung Bapa mah. (Baca saratna solat tina nomer 10 nepi ka nomer 15).

SHOLAT LOGAWI
Demi solat “LOGAWI” teh nyaeta solatna Hakekat anu teu digeret ku waktu, teu di wares wangeunan ku jaman.
Kapan saur dalilna oge :

LAWAKTAN WALA HADDAN WALA JIHATAN WALA BIJAMANIN WALA BIRUKUN WALA BIJUDIN KOALBAHRI
Hartosna :
(Solat) teu aya waktuna, teu di wates wangeunan, teu aya tempatna, teu aya jamanna, teu aya rukuna, teu aya sujudna, ngemplang saperti sagara dina lautan.

KABEH SOLAT LOGAWI TEH AYA 4 (OPAT) :
1. SHOLAT WUSTO
2. SHOLAT DAIM
3. SHOLAT HAJI
4. SHOLAT ISMU ADAM


Hartosna SHOLAT WUSTO
Nyaeta ngabaktina solat ka Gusti Alloh teh saban kaluar kajerona “Napas”, kaluar inget “Nafi” kajero inget “Isbat” nyaeta nyumponan lapad “LAILAHA ILALLOH”. Dina saringkak sarigig, diuk nangtung leumpang ngadeg teh teu aya deui anu dipieling anging Gusti Alloh, sarta eta ngagunakeun elingna kalawan yakin, Yen teu aya deui anu wajib disembah anging Gusti Alloh.

Hartosna SHOLAT DAIM
Nyaeta ngabaktina ka Gusti Alloh teh saban usikna “Hate” sausik malikna ati teu aya deui anu di pieling, anging Gusti Alloh, saucapna, satekadna, salampahna, dibarengan ku tumarima kana kamurahanana jeung pangasihna Gusti Alloh. Dina sajero ngabakti nyumponan dalil : “FA’BUDHU WATAWAKKAL ALAIHI”, nyaeta ngabaktina teh ka anjeuNa, jeung sumerah diri oge ka anjeuNa.

Hartosna SHOLAT HAJI
Nyaeta ngabaktina ka Gusti Alloh teh saban usikna “Ati” obahna “Manah” sarengkak saparipolah teu aya deui anu di pieling anging Gusti alloh, sarengkak, sarigigna, saucapna, satenjona, sadengena, saambeuna, satekadna, salampahna, teu tinggal ti Alloh. Nu katenjo, nu kadenge, nu di ucapkeun, anu dilampahkeun teh anging Alloh, nyumponan kana dalil :
“U’BUDILLOH KAANAKATARAHU FAIN LAMTAKUN TARUHU FAINAHU YAROKA”
Nyaeta : ngabaktina ka Gusti Alloh teh saperti ningali ka AnjeunNana, anjeunNa ningali ka maranehanana.
Gawena welas asih ka sakur dadamelanana Gusti Alloh, nyaah ka sasama kaula, sabab netepkeun Tunggalna nu katingal jeung nu ningal.

Hartosna ISMU ADAM
Nyaeta ngabaktina ka Gusti Alloh teh, lain bae ngan saukur sausik malikna “Ati” saobahna “Manah” bae, tapi salirikna “Sir”, sagedagna “Rasa”, Sir ngabakti ka Nu Maha Suci, Rasa kumawula ka Gusti anu Kawasa, Roh madep maring Dhat anu Kawasa, Sukma madep maring Dhat kang Maha Suci, sir nu asih karep nu langgeng, wis teguh mulaning teguh, teguh anu matak hayu, hayu kuciptaning teguh, nyumponan kana dalil :
“AL ISANU SIRI WA ANNA SIRRUHU”
Hartosna : Manusa teh rusiahna Panggeran, Panggeran teh rusiahna manusa, nu salilana jadi abdi, moal nyaho rusiahna Gusti, nu hayang nyaho rusiahna Gusti kudu sakola heula “ Karaton ka Gustian”. Sabab ngan Gusti pribadi anu uninga kana rusiahna Gusti.
Kapan ceuk dalilna oge :
“FAMAN KANA YARJU LIQOOA ROBBIHI FALYA’MAL A’MALAN SYALIHAN WALA YUSRIK BI IBADATIHI ROBBIHI AHADAN”.
Hartosna : Saha-saha anu percaya, manehna bakal papanggih jeung panggeranana, manehna kudu ngalampahkeun amal anu hade sarta ulah nyaruakeun naon-naon ka Panggeranana tina ngalampahkeun parentahanana.

LENYEPANEN

Solat ISTILAH teh solatna badan, ngemban dawuhan Panggeran nepungkeun ti abdi ka Gustina.
Solat LOGAWI teh solatna batin, ngemban dawuhan Panggeran nunggalkeun kawula jeung Gustina.
Kumpulna solat ISTILAH jeung LOGAWI teh, saolah-olah kumpulna ibadah Alamul Asghor jeung Alamul Akbar, nyaeta kumpulna ibadah kasakur anu kumelip di dunya kabir jeung dunya sogir.
Hartina : Manusa anu kasebut “Alam Sogir” teh, anu baris nyubadanan ibadahna sakabeh makhluk, kayaning : Bumi, bentang, srangenge, sawarga, naraka, arasy, kursi, bumi ka 7, jeung langit ka 7. pangna nyubadanan kana sakabeh makhluk, sabab manusa anu kasebut “Alam Asghor” teh kumpul kabeh pepekna kana kaayaan Alamul Akbar aya dibadan manusa saperti : 7 lapis bumi, 7 lapis langit, bulan, bentang, srangenge, tatangkalan, sasatoan, sawarga, naraka, arasy kursi. Jeung saterusna.

RINGKESNA
Sareatna solat teh   : Nyanggakeun sembah ti kawula ka Gustina nyaeta anu sapoe sapeuting 5 waktu tea.
Tarekatna solat teh  : Dumeuheus ti kawula ka Gustina, nyaeta nepangkeun abdi ka Gustina.
Hakekatna solat teh  : Nunggalkeun ti kawula ka Gustina, nyaeta rep sidakep sinuku tunggal.
Ma’rifatna solat teh : Tunggalna kawula jeung Gustina, nyaeta amateni “Panca Indera” nutupi babahan hawa sanga, sirna rasana, bungah manahna.
SOLAT SAREAT Nyumponan pangajaran IHRAM
SOLAT TAREKAT Nyumponan pangajaran MI’RAJ
SOLAT HAKEKAT Nyumponan pangajaran MUNAJAT
SOLAT MA’RIFAT Nyumponan pangajaran TUBADIL
Dina hiji ibadah kudu aya bae fanana, fanana dina hiji-hiji pangajaran nurutkeun kumaha tahapanana pangajaran anu keur dipaju.

Demi martabatna fana bisa dibagi kana 4 (opat) bagian :
1. FANA FIL AF’AL
2. FANA FIL AS’MA
3. FANA FIL SIFAT
4. FANA FIL DHAT

Pangajaran IHRAM kaasup kana bagian FANA FIL AF’AL
Pangajaran MI’RAJ kaasup kana bagian FANA FIL ASMA
Pangajaran MUNAJAT kaasup kana bagian FANA FIL SIFAT
Pangajaran TUBADIL kaasup kana bagian FANA FIL DHAT

Nu FANA FIL AF’AL ngarasa kahutangan lamun heunteu SOLAT.
Nu FANA FIL ASMA ngarasa kahutangan lamun heunteu KHUSYU.
Nu FANA FIL SIFAT ngarasa kahutangan lamun heunteu KHUSYUSIL KHUSYU.
Nu FANA FIL DHAT ngarasa kahutangan lamun heunteu MA’RIFAT.

Dalilna Nu FANA FIL AF’AL : “LA FAILA ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya anu ngadamel anging Gusti Alloh.
Dalilna Nu FANA FIL ASMA : “LA MATLUBU ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya deui anu dipikaresep anging Gusti Alloh.
Dalilna Nu FANA FIL SIFAT : “LA MABUDHU ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya deui wajib disembah anging Gusti Alloh.
Dalilna Nu FANA FIL DHAT : “LA MAWJUDA ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya deui anu maujud anging Gusti Alloh.


BAB PUASA
Dina sataun sakali, nyaeta dina bulan romadhon sakur kaum islam diwajibkeun puasa. Ari martabatna puasa eta aya 3 (tilu) perkara :
1. PUASA UMUM = Puasa anu biasa saban bulan Ramadhan
2. PUASA KHUSUS = Puasana jalma pilihan.
3. PUASA KHUSUSIL KHUSUS = Puasa sapapanjangna.


HARTINA PUASA UMUM
Demi anu dingaranan puasa umum teh nyaeta : Puasa anu di parentah keun ku “Hukum Syara” dina sataun sakali, saban-saban dina bulan Ramadhan. Syaratna puasa teh nyaeta nyegah dahar, nyegah nginum, nyegah nyapek raheum jeung sajabana. Wajib puasa jeung sunatna puasa umum the lengkep diterangkeun dina Kitab Fikih, sangkan dianggap sah puasana, kudu di niatan anu bener.

HARTINA PUASA KHUSUS
Demi anu dingaranan puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah dahar, nyegah udud, nyegah nginum jeung capek rahem the, nyegah pangajakna leungeun, tina ngucap jeung ngomong nu teu aya perluna, nyegah tina pangajakna pangrungu anu sakira-kira teu aya manfaatna, nyegah tina pangajakna panenjo mata anu sakira teu aya hasilna, nyegah tina pangajakna suku anu sakira-kira matak mawa ma’siat kana kalakuan.

HARTINA PUASA KHUSUSIL KHUSUS
Demi anu dingaranan puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah pangajakna panca indera anu lima, oge nyegah tina sagala kamaksiatan batin, saperti : Syirik, pidik, jail, kaniaya, aral subha, munafek, ngunek-ngunek, ujub, ria, takabur, gumede, tara ngalamun teu puguh, tara berewit, delet, sulit ati, belang bayah, tara ngumandeuar, rumahuh, miara kasusah.
Lamun ieu nu 3 bagian puasa teh kuurang diringkeuskeun, bisa dibagi 2 bagian, nyaeta :
1. PUASA LAHIR
2. PUASA BATHIN
Nu kaasup kana puasa “Lahir” nyaeta puasa umum jeung puasa khusus. Sedengkeun anu kaasup kana puasa “Bathin” nyaeta puasa khususil khusus.


SAMPURNANA PUWASA LAHIR AYA 5 PERKARA :
1. Ngaraksa sungut tina ambeuk, ngupat, pasea, ngageuhgeuykeun jeung ngomong anu jorang.
2. Ngaraksa panon tina pangdeuleu nu dicegah ku Sara, babakuna nenjo barang anu lain hakna.
3. Ngaraksa ceuli tina pangdenge, ngadengekeun anu ngupat simuat, nu parasea, pendek ngaraksa tina sagala rupa dedengean nu matak ria.
4. Ngaraksa panyipta, dina sajeroning keur puasa teh ulah nyipta-nyipta pibukaeun, sumawona bari jeung ngumpul-ngumpulkeun dahareunmah, dina bukana kudu saaya-aya bae, ulah makmak mekmek sapedah tas kosong.
5. Puasa kalawan ikhlas, sarta kudu nyaho kana paedahna puasa.

SAMPURNANA PUWASA BATHIN AYA 20 PERKARA :
1. Ulah ngalajur nafsu
2. Ulah gede ambeuk
3. Ulah ngomongkeun batur
4. Ulah nyieun teu ngeunah ka batur
5. Ulah nyieun susah ka batur
6. Ulah sirik kana kaayaan batur
7. Ulah ujub ria takabur
8. Ulah cawadan
9. Ulah teu payaan
10. Ulah aral subha
11. Ulah miara kasusah
12. Ulah nguluwut kabingung
13. Ulah embung dihina
14. Ulah umanggul hayang kapuji
15. Ulah hawek
16. Ulah ngalamun teu puguh
17. Ulah eraan leuwih ti misti
18. Ulah pahereng parasea jeung batur
19. Ulah kebluk beuki sare
20. Ulah gembul kalahkah baranghakan

20 hal eta ngarujuk kana Dalil :

“LATAHAROKUL JASADU ILLA BI IDZNILLAH, WA LATAHAROKUL ROHU ILLA BI IDZNILLAH”.
Hartosna : Obah usikna jasad ku Roh, jeung obah usikna Roh ku Gusti Alloh.

“WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU”
Hartosna : Jeung kudu takwa maraneh (ngabersihkeun kokotor lahir batin) engke maraneh dipaparin elmu ku Alloh.

“AM KAEFA ILLALLOHU WAHUWA MUKBALUN BISAHWATIHI”
Hartosna : Kumaha rek bisana lumampah nepungan Panggeranna, sedeng maranehna oge diringkus ku hawa nafsuna.

JADI INTI TINA HAKEKAT PUASA, Lamun dilirapkeun kana sejatina puasa, hakekat puasa aya 2 larapan :

A. Puasa lamun dilarapkeun kana unsur diri dibagi kana 7 bagian, nyatana :
1. Puasana Badan nyaeta kudu handap asor/depe-depe.
2. Puasana Hate nyaeta mengkek sagala kahayang
3. Puasana Nafsu nyaeta nyabarkeun diri
4. Puasana Nyawa nyaeta temen/syuhud
5. Puasana Rasa nyaeta bertindak utama
6. Puasana Nur nyaeta susuci
7. Puasana Atma nyaeta awas lan waspada
   
B. Puasa lamun dilarapkeun kana unsur wujud dibagi kana 7 bagian, nyatana :
1. Puasana Panon nyaeta kudu melek (ngurangan sare).
2. Puasana Ceupil nyaeta nyegahan nafsu
3. Puasana Irung nyaeta ngurangan nginum
4. Puasana Baham nyaeta ngurangan dahar
5. Puasana Parji nyaeta nyegahan syahwat
6. Puasana Leungen nyaeta nyegahan tunggal teunggeul, cocorokot anu lain hakna
7. Puasana Suku nyaeta tunda langkah kana laku goreng


SYARAT–SYARAT NGAIKHWANKEUN

ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

ﻄﻠﺐ ﺍﻠﻌﻠﻢ ﻓﺮﻴـﻀـﺔ ﻋـﻠﻰ ﻜﻞ ﻤﺴﻠﻤ ﻮﻤﺴﻠﻤﺔ ﻤﻦﺍﻠﻤﻬـﺪﺍﻠﻰﺍﻠﻠﺤﺪ
Thalabul Ilmi Fharidatun A’la Kulli Muslimin wal Muslimat Minal Mahdi I’lallahdi
“Nyiar Elmu teh eta wajib ka satiap jalma Islam lalaki jeung Islam awewe ti mimiti aya dina aisan nepi ka maot”. (H.R Bukhari wal Jama’ah)

Saur Kangjeng Rasulullah SAW :
ﺍﻠﻌـﻠﻢﻋـﻠﻤﺎﻦ؛ ﻋـﻠﻢ ﻓﻰﺍﻠـﻘـﻠﺐ ﻓـﺰﺍﻚﺍﻠـﻌـﻠﻢﺍﻠﻧﺎﻓـﻊ، ﻮﻋـﻠﻢﻋﻠﻰﺍﻠﻠﺴـﺎﻦ ﻓـﺯﺍﻚ ﺤـﺠـﺔ ﻋـﻠﻰ ﺍﺒـﻦ ﺍﺪ ﻢ
Al-Ilmu Aliman : Ilmun Fii Qalbi Fazaaka Ilmunnaafi, Wa Ilmun Alal’lisaani Fazaaka Hujjattun A’la Abni Adam
Anu hartosna : “Ari elmu teh aya dua rupa” :
1. Elmu dijero ati, saestuna eta teh elmu-elmu anu berguna.
2. Jeung elmu anu ayana dina ucapan, tapi eta mah ngan saukur jadi hujah pikeun turunan bangsa Adam (ngan sakadar ngaramekeun dunya wungkul).

Saur Kangjeng Rasulullah SAW :
ﻠـﻠـﻌﺎ ﻟﻢ ﺜـﻼ ﺜـﺔﻋـﻟـﻮﻢﻋﻠﻢ ﻇﺎﻫـﺮﻴـﺒـﺬ ﻠﻪﻻﺀﻫﻞﺍﻠﻇﺎﻫـﺮﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﺎﻄﻦﻻﻴـﻧﺒﻐﻰﺍﻆﻬﺎﺮﻩﺍﻻﻻﻫـﻠﻪ ﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﻴـﻧﻪ ﻭﺒـﻴـﻦ ﺍﷲﻻ ﻴـﻇﻬـﺮﻩﻻﺀ ﺤﺪ
LIL ALMI SALASATU ULUUMIN ILMUN DHOHIRUN YUBDILUHU LI AHLI DHOHIRI WA ILMU BATHIN LAYAN BAGI I’DHARUHU ILLA LI A’HLIHI WA ILMUN BAINAHU WABAYINALLAHI LAYUDHIRUHU LI A’HADIN

Ilmu kabagi 3 (tilu) macam :
1. Ilmu Lahir Satemenna eta ilmu teh disampaikeun ka balarea secara umum. (Ilmu Umum)
2. Ilmu Bathin Nyaeta elmu nu teu sakuduna disampaikeun secara luas kecuali ka ahlina (nu boga minat pikeun mempelajarina) (Ilmu Khusus)
3. Ilmu Antarana Jeung Allah Nyaeta elmu nu teu salayakna disampaikeun ka sing saha wae oge. (Ilmu Khusus bil Khusus pikeun dirina sorangan) Maksudna : Sagala hal anu nyangkut peristiwa/kajadian anu dialaman nyaeta kaayaan nu bersifat pribadi /individual nu dikehendaki ku Allah, berfungsi sebagai suatu “Rahasiah tersembunyi” mung ukur dikanyahokeun antara Sipelaku (Diri Pribadi) sareng Allah Swt. terus lamun urang nyebarkan elmu rahasiah ketuhanan eta, pikeun disampaikan secara meluas ka umum, loba kamungkinan bakal ngadatangkeun fitnah, tuduhan-tuduhan negatif, atau bisa nimbulkan parasaan `Ujub (ngarasa hebat sorangan) nu akibatna bisa ngancurkeun kana nilai-nilai elmu pamanggihna.
Jadi nurutkeun hal eta diluhur, hal ieu didasarkeun kana Hadist Rasulullah anu unggeulna “ALA QADRI UQULLIHIM” (Sapanjang ukuran akal maranehna anu nuntut).

Anu dimaksud tina kalimah diluhur eta, nyaeta nu geus nyampe kana syarat-syarat tertentu :
◙ Geus mapan tina Syariat jeung Thoriqatna.
◙ Kudu geus manjing umur antawis umur 40 Tahun ka luhur, karna usia eta tos dianggap stabil.
◙ Teu terlalu terikat ejeung urusan dunia.

Dengan tiga syarat ini akan lebih mencapai tujuan. Adapun pendapat lain bahwa pengertian “Ala Qadri ‘Uqulihim” itu ialah
1. ada minat yang kuat untuk menuntut,
2. sudah memahami secara keseluruhan pokok-pokok ajaran islam/iman, dan
3. usia dewasa dan memiliki kecerdasan yang memadai untuk memahami hal-hal yang ghaib.
Bila seseorang yang hendak menuntut, memiliki minat/keinginan yang kuat yang bukan ikut-ikutan orang, bukan dibuat-buat, kegairahan yang tinggi, maka hal tersebut sudah merupakan NUR (Hidayah) dari Allah SWT. Syarat yang kedua, sebagai seorang yang sudah dewasa tentu mengerti dan melaksanakan shalat, puasa, ada pengertian tentang sifat dua puluh meskipun tidak rinci. Penyampaian ilmu tidak kepada anak-anak dibawah umur atau orang yang nyata-nyata memiliki ciri-ciri kebebalan. Mereka yang berusia dewasa, secara umum dapat diperkirakan mampu untuk memahami segala uraian yang diajarkan. Dengan tiga syarat tersebut, maka inilah yang dimaksudkan “Ahlinya”. Pendapat inilah umumnya yang berlaku dikalangan pengajian Tasawuf.